Kaayaan PMI Majalengka, boh Bangunana boh Saranana Matak Pikamelangeun

- 11 Januari 2024, 09:59 WIB
Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi ngaroris Kantor PMI.
Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi ngaroris Kantor PMI. /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Majalengka sagancangna ngarevitalisasi bangunan Palang Merah Indonesia (PMI) Majalengka. Bisa oge mindahkeun ka tempat nu leuwih merenah tur strategis pikeun ngudag akreditas.

Pj Bupati Majalengka Dedi Supandi nalika ngaroris langsung Kantor PMI ngungkabkeun, kaprihatinanna alatan kondisi bangunan nu dianggapna kurang merenah jeung kurang strategis.

Ditambah deui aya sarana nu geus kudu diganti di antarana alat pemisah komponen darah jeung refrigerated centrifuge (RC) nu geus lila teuing sarta kudu gancang diganti. “Taun ieu PMI pusat masihan bantosan RC ka Jawa Barat 1 unit, tos disuhunkeun kangge di Majalengka oge tiasa dicandak," ceuk Dedi.

Baca Juga: Jutaan Lembar Surat Suara di Dapil IX Majalengka Disortir

Ceuk Dedi PMI kawilang urgen: bank darah keur ngaladenan kabutuhan di 5 - 6 rumah sakit nu aya di Majalengka, nu satiap bulanna ngabutuhkan 2.000 kantong darah sarta ayeuna kakara kalayanan 1.300 kantong.

Disebutkeun Dedi, pikeun doror bisa kacumponan. Pihakna geus koordiansi jeung Dandim 0617 Majalengka nu mampuh ngagerakeun personil TNI nu jumlahna kawilang loba. Ku kituna kabutuhan bisa kacumponan, ditambah ku masarakat umum nu oge geus maneuh donor darah.

“Simkuring tos nyarios sareng Pa Dandim nu sami-sami ngaroris sarana di PMI, saurna nu bade donor darah mampuh nyumponan kaperyogian 2.000 kantong darah sasasihna," ceuk Dedi Supandi.

"Ku kituna bakal disayogikeun sarana sangkan langkung maksimal,” ceuk Dedi nu mastikeun RC bisa dipibanda ku PMI Majalengka.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Meredih ka KPU sangkan Kreatif keur Ngaronjatkeun Partisipasi Pemilu 2024

Pasualan sejen nu disanghareupan PMI: statusna nu kudu sagancangna ngudag akreditasi, sabab kiwari tacan kaakreditasi alatan sarana nu tacan nyumponan sarat minimal.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah