Kapolres Majalengka Ngaroris Rekayasa Lalulintas Arus Balik Tahun Baru di Tol Cipali

- 1 Januari 2024, 15:00 WIB
Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaroris rencana rekayasa lalulintas di Tol Cipali, Senen (01/01/2024) di Rest Area KM 166 jeung KM 164, wilayah hukum Polres Majalengka.
Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaroris rencana rekayasa lalulintas di Tol Cipali, Senen (01/01/2024) di Rest Area KM 166 jeung KM 164, wilayah hukum Polres Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Tarekah mastikeun lancarna arus balik tahun baru, Kapolres Majalengka Polda Jabar AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ngaroris rencana rekayasa lalulintas di Tol Cipali, Senen (01/01/2024) di Rest Area KM 166 jeung KM 164, wilayah hukum Polres Majalengka.

Hal ieu mibanda tujuan keur ngantisipasi lonjakan arus balik nu diperkirakeun ngaronjat salila periode libur tahun baru. Kapolres Majalengka katut timnna turun langsung ka lapangan.

Ngaroris kasiapan jeung dilaksanakeunana rekayasa lalulintas nu diterapkeun, nu utama di dua titik strategis: Rest Area KM 166 jeung KM 164, nu mindeng jadi tempat nreureuh.

Baca Juga: Kasat Binmas Polres Majalengka jeung Satpam, Mieling HUT Satpam ka-43

Kapolres Majalengka nandeskeun pentingna kalancaran lalulintas jeung kaamanan sakumna pamudik. Unyana miharep ku diterapkeunana rekayasa lalulintas nu hade,  arus balik  aman, tartib, tur efisien.

"Ieu teh bagian ti tarekah pihak kapulisian kangge masihan palayanan panghadena ka masarakat. Utami dina mayunan lonjakan arus balik mapag awal tahun baru," ceuk Kapolres.

"Simkuring rempug gawe sareng instansi nu aya patalina kangge nyiptakeun kondisi lalu lintas nu aman oge tartib," ceuk Kapolres Indra Novianto.

Rencana rekayasa lalu lintas ngalibetkeun ditempatkeunana patugas, pituduh jalur husus, jeung ngaronjatkeun panalingaan  di sababaraha titik rawan macet.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x