Pj Bupati Majalengka Meredih ka KPU sangkan Kreatif keur Ngaronjatkeun Partisipasi Pemilu 2024

- 9 Januari 2024, 11:23 WIB
Komisioner anyar KPU Majalengka natamu ka Pj Bupati Majalengka.
Komisioner anyar KPU Majalengka natamu ka Pj Bupati Majalengka. /Ayank r Sambara/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Sukses jeung gagalna pesta demokrasi bisa ditempo tina tingkat partisipasi sakumna masarakat dina Pemilu nu bakal dilaksanakeun Rebo, 14 Pebruari 2024. Ku kituna Pemkab Majalengka ngarojong KPU Majalengka sangkan nyieun torobosan kreatif, sarta inovasi sangkan partisipasi masarakat dina Pemilu 2024 maksimal.

"Tangtos dipiharep partisipasi dina Pemilu 2024, legislatif sareng  presiden partisipasi masarakat nu tos gaduh hak pilih langkung ngaronjat batan taun Pemilu 2019," ceuk Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi, nalika nampa natamuna ketua anyar KPU Majalengka di Pendopo Bupati, Jumaah (04/01/2024).

Dina eta kasempatan,  lima komisioner anyar KPU Kabupaten Majalengka, Sekertaris KPU Majalengka, Asda Pemerintahan dan Kesra, Kepala Kesbangpol, jeung Kabag Tata Pemerintahan Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Geunjleung, Tarif ka Basisir Pangandaran Naek 100 persen

Pj Bupati Majalengka nyebutkeun dina ha lieu KPU Majalengka kudu ngayakeun inovasi jeung kudu kreatifitas supaya masarakat daratang ka TPS. Masih ceuk Dedi, salasahiji tarekah sangkan masarakat datang ka TPS ku nyieun TPS unik atawa kustom patugas PPS nu unik. Hal eta sangkan masarakat panasaraneun.

Antisipasi Bencana

Pemilu nu lumangsung 14 Februari 2024 diprediksi wilayah Kabupaten Majalengka masih usum ngijih. Ku kituna kudu diwaspadaan ku sakumna pihak. Ceuk Dedi, kawaspadaan kana potensi bencana diperleukeun pikeun nyinglar hal-hal nu teu dipiharep. Dina hal ieu pikeung nyinglar ayana korban jiwa.

"Simkuring tos ngadugikeun ka KPU kangge ngainventarisir TPS rawan bencana, margi diprediksi Pemilu masih dina kaayaan usum ngijih," ceuk Dedi. Inyana oge ngomat-ngomatan ulah nepi logistik Pemilu 2024 di TPS ruksak alatan kahujanan upamana sarta ulah deui nepi ka aya patugs PPS nu jadi korban,  boh tatu boh tilar.

Tina kituna, mitigasi bencana di tiap TPS di daerah rawan bencana kawilang diperelukeun keur mastikeun kasalametan sakumna patugas jeung masarakat nu ngagunakeun hak pilihna. "Simkuring katut rengrengan tos nyayogikeun lengkah antisipasina kangge TPS-TPS rawan bencana, supados  Pemilu 2024 lumangsung lancar," ceuk Dedi Supandi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x