Camat Kutawaringin Ngelingan Awal 2024 kudu Ngawaspadaan Bencana Alam jeung Nètralitas ASN di Taun Politik

- 4 Januari 2024, 18:12 WIB
Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung Asep Ruswandi.
Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung Asep Ruswandi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung, Asep Ruswandi nyebutkeun, tina 11 desa di Kecamatan Kutawaringin aya lima desa nu rawan bencana longsor jeung pergerakan tanah.

Eta lima desa teh: Desa Cilame, Sukamulya, Buninagara, Jatisari, jeung Desa Cibodas.

Dina awal 2024 ceuk Asep usun hujan keur dina puncakna. Pihakna ngalakukeun kawaspadaan antisipasi bencana.

Baca Juga: Stadion Si Jalak Harupat Siap Jadi Kandang Maung Bandung

"Dumasar prediksi di awal 2024  antara Januari tepi ka Maret puncakna usum ngijh nu ngabalukarkeun banjr jeung urug atawa pergerakan taneuh. Ku kituna urang tingkatkeun kasiapsiagaan dina ngungkulan, " ceuk Asep Ruswandi di kantorna, Rebo l, 4 Januari 2024.

Utamana di desa nu aya di wilayah pasir, nurutkeun Aep pihakna terus komunikasi pikeun koordinasi nyangharepan puncak usum ngijih.

Ti Pemda ogè ceuk Asep geus aya surat edaran bupati patali ngaronjatkeun kawaspadaan dina nyanghareupan usum ngijih.

"Tos didugikeun informasina ka masarakat ngalangkungan pamarèntah desa, " ceuk Asep.

Taun 2024 ogè ceuk Asep Ruswandi ngarupakeun taun pulitik. Baris digelar pesta demokrasi Pemilu 2024. Asep miharep Pemilu lumangsung aman, tartib, lancar, tur sukses 'tanpa ekses'.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah