Kabejakeun Leungit, Kapanggih Geus Jadi Layon

- 3 Januari 2024, 19:22 WIB
Tim gabungan keur ngaevakuasi korban
Tim gabungan keur ngaevakuasi korban /Dok BPBD Kuningan/

GALURA- Rusda (80), urang Desa Kapandayan, Kecamatan Ciawigebang, Kabupaten Kuningan, tilar dunya alatan kabawa palid cai di walungan  CI Sanggarung, lelewek Desa Jatimulya, Kecamatan Cidahu, Rebo  (3/1/2024), kira wanci tabuh  9.55 WIB.    

Ceuk Kepala Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Indra Bayu Permana, layon  korban kapanggih ku salasaurang warga anu keur nguseup di eta walungan.

Indra Bayu nyebutkeun, samemehna Rusda kabejakeun leungit ti mimiti poe Senen, 1 Januari 2024.

Samalah, samemehna oge geus aya  anu ngaduga Rusda kabawa palid walungan Cigresik sabudeureun Desa Kapandayan, Kecamatan Ciawigebang.

Cai walungan Cigresik ngamalir tepung jeung walungan CI Sanggarung.

Ceuk Indra Bayu, satuluyna, samemeh  kabejakeun leungit, pihak kulawarga mikanyaho Rusda miang ka kebon deukeut walungan Cigresik.

Miangna teh numpak sapedah sorangan. Pihak kulawarga deudeupeun, ku sabab ti isuk mula nepika beurang manehna tacan mulang ka imah.

Diteang ka lebah kebon, anu kasampak saukur sapedah anu biasa dipake ku Rusda.

Salila dua poe ti saprak Rusda kabejakeun leungit, tim gabungan ngawengku BPBD, TNI  Polri, masarakat  jeung pamarentah maluruh eta warga anu leungit

Sajeroning kitu, aya beja salasaurang warga anu keur nguseup di walungan CI Sanggarung manggihan layon di eta walungan.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah