Stadion Si Jalak Harupat Siap Jadi Kandang Maung Bandung

- 4 Januari 2024, 14:39 WIB
Stadion Si Jalak Harupat.
Stadion Si Jalak Harupat. /Sopandi/galura.co.id

GALIRA.CO.ID -Stadion Si Jalak Harupat di Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung sayagi jadi kandang Persib Mang Bandung, alatan Stadion Gelora Bandung Lautan Api (GBLA) nu salila ieu dipakè kadang Persib keur direnovasi ku PUPR dina sèsa usum kompetisi.

Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga (Kadispora) Kabupaten Bandung, Kawaludin, ngaku, pihak manajemen Persib Bandung geus ngajukeun stadion Si Jalak Harupat keur jadi kandang Persib.

"Seratna tos katampi kamari. Nya prinsipna urang ngabagèakeun kalawan gumbira Persib maèn di Si Jalak Harupat," ceuk Kawaludin, Kemis 4 Januari 2024.

Baca Juga: Tahun Baruan di Garut Dzikir Jeung Solawat, Tanda Mikacinta ka Nabi SAW

Kawaludin miharep teknis penyelenggaraanana nyoko kana regulasi FIFA nu geus ngabukti sukses dina Piala Dunia U 17 sawatara waktu kaliwat.

"Janten peyogi badanten sasarengan ti penyelenggarana sapertos kumaha, pihak keamanan kapulisianana sapertos kumaha, PSSI ogè. Kumargi ayeuna tos standar FIFA, pager-pagerna, sareng sagala rupina. Hartosna pasti aya pola pangamanan nu bènten," ceuk Kawaludin. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x