Tahun Baruan di Garut Dzikir Jeung Solawat, Tanda Mikacinta ka Nabi SAW

- 4 Januari 2024, 14:00 WIB
Tablig Akbar di Garut Rebo (02/02/2024) kalayan  dina téma “Garut Berdzikir dan Bershalawat”  .
Tablig Akbar di Garut Rebo (02/02/2024) kalayan dina téma “Garut Berdzikir dan Bershalawat” . /Noval/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Garut ngalaksanakeun kagiatan Tablig Akbar Rebo (02/02/2024) kalayan  dina téma “Garut Berdzikir dan Bershalawat”  pikeun ngawangun rasa kaasih ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Tabligh akbar dilaksanakeun di alun-alun Garut ti tabuh 19.00 WIB tepi ka rengse. Antusias jamaah ti Garut katémbong, alun-alun pinuhan ku sagara umat  anu mikacinta  Nabi SAW.

Tabligh akbar  dieusi ku dzikir jeung do’a anu dipingpin ku ulama. Sajaba ti eta oge aya tausiyah ti sababaraha ustadz. Di antarana Husain Basyaiban, Ulama Madura anu kasohor da'wahna di média sosial TikTok.

Baca Juga: Anggota DPRD F PKB Propinsi Jawa Barat, H. Asep Syamsudin Yakineun Pasangan Nomer 1 AMIN Unggul

Dina tausiyahna, Husain nyebutkeun ayeuna loba jalma anu nyarita cinta ka Nabi SAW, tapi nalika ditanya ngeunaan kapribadian Nabi SAW sareng putra-putrana, maranehna teu arapal.

“Tah ku ieu mudah-mudahan kahareup urang bisa leuwih mikacinta ka Rosululloh,” pokna.

Ceuk Husain, Alloh SWT ngadawuh dina Al Qur’an, a lamun bapa, anak, pamajikan jeung sagala harta banda nu leuwih dipikanyaah ku Alloh batan Rosululloh dibandingkeun jeung jihad maka terang naon anu bakal dilakukeun ku Allah ka anjeun sareng Allah moal masihan pituduh ka jalma jahat," pokna.

Ustadz Kembar Il jeung Al dina tausiyahna ngangkat téma salawasna nyaah ka dulur-dulur di Palestina.

Ustadz kembar ti Garut anu meunang juara 1 Asian Action 2018 ngungkabkeun, “Pasemon jalma anu percaya ka asih jeung welas asih ibarat hiji awak, lamun hiji anggota awak gering mangka anggota lianna ngarasa nyeri oge jeung moal ngarasa bisa sare,  kuasabab kitu, bantuan saeutik oge gede ajenna pikeun dulur urang di Palestina."

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x