Karajaan Galuh Lolobana Disabit  dina Dongeng jeung Babad

- 3 Januari 2024, 12:00 WIB
SALAHSAHIJI patilasan di Karangkamulyan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Karangkamulyan mindeng dipatali­keun jeung Karajaan Galuh nu  kungsi ngadeg di ieu wewengkon.
SALAHSAHIJI patilasan di Karangkamulyan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Karangkamulyan mindeng dipatali­keun jeung Karajaan Galuh nu kungsi ngadeg di ieu wewengkon. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kecap Galuh saenyana lain ukur milik urang Ciamis. Kecap Galuh tepi ka ayeuna dipake ngaran wanoja. Dina Babad teu weleh aya ngaran karajaan Galuh ngan lain fakta sajarah. Anu epigrafina kuat mah prasasti di Kedu nu nyabit ngaran Pragaluh.

Sajarawan  Sobana Har­djasaputra,   nyebutkeun masarakat Ciamis loba ngagunakeun ngaran Galuh lantaran Galuh mibanda  sejarah nu jelas sarta kungsi nyatetkeun kamashuran jeung kajayaan. Ayana Karajaan Galuh puguh fakta sajarahna.

Dina sejarah, ngaran Galuh ti abad ka-7 tepi ka abad ka-16 teu eureun-eureun ngélébét,  ti mimiti ngaran karajaan tepi ka ngaran kabupatén. “Karajaan Galuh ngadeg abad ka-7 Maséhi, anu ngadegkeunana Wretikandayun tepi ka abad ka-16 masih dipaké jadi ngaran kabupatén, Kabu­patén Galuh,” ceuk Sobarna.

Baca Juga: Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kabupaten Ciamis, Pamali Nanggap Wayang

Puncak kajayaan Karajaan Ga­luh jaman pamaréntahan Pra­bu Niskala Wastu Kancana, pu­seur karajaanna di Kawali Ciamis. “Ngaran Galuh henteu terus ragrag pamorna najan ti taun 1595 jadi daérah patalukan (vassal) Mataram. Kitu deui ja­man dikawasa ku VOC ti taun 1705 tepi ka ahir abad ka-18,” ceuk Sobana.

Waktu dibupatian ku Ku­sumadiningrat (1839-1886), pa­mor Kabupatén Galuh kuat pisan, jadi kabupatén nu pada ngambeuan, kaasup ku Belanda. Kusu­madiningrat hiji-hijina bupati nu wani ngabubarkeun sistim tanam paksa, jeung hiji-hijina bupati nu mampu ngarobah rarancang Be­lan­da waktu nyieun jalan karéta api

Ngaran Galuh ogé nyampak dina legénda atawa tradisi lisan. Ceuk Sobana dina wawacan Sajarah Galuh upamana disebutkeun ngaran Galuh geus aya ti jaman prasejarah, dipaké ngaran ratu, Ratu Galuh nu ngadegkeun karajaan di Lakbok sanggeus meruhkeun raja Siluman. Ratu Galuh pindah ka Lakbok lantaran karajaanana kaléléb ku cai laut.

Lolobana dina dongeng

Pangna Karajaan Galuh jeung Kabupaten Galuh kungsi kamashur, ieu sigana ngalap kana harti kecap galuh. Poerbatjaraka dina Majalah Bahasa dan Budaya kalayan judulna Galuh (taun III, No. 2, Desember 1945). Ceuk Purbacaraka galuh hartina putri menak jeung dewi. Dina basa Sansakerta kapanggih kecap galu nu hartina batu inten permata.

Baca Juga: Prabu Nusia Mulya Dua Welas Taun Mertahankeun Pakuan Pajajaran

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x