Karajaan Banten Sabada Pajajaran Burak, Karaton Surosowan Diancurkeun ku Daendels

- 12 Desember 2023, 15:00 WIB
Ruruntuk Karaton Surosowan di Banten.
Ruruntuk Karaton Surosowan di Banten. /

GALURA.CO.ID -Dina katalogus Koleksi Data Arkeologi Banten nu diterbitkeun ku Direktorat Perlindungan dan Pembinaan Peninggalan Sejarah, disebutkeun dina abad ka-16 Banten teh kaasup kota muslim pangbadagna sa-Nusantara. Kotana teu beda jeung  umumna kota muslim di Nusantara, Afrika,  Arab; karaton, pasar,  masjid,  jeung alun-alun.

Sesa-sesanana ayeuna masih aya keneh, di antarana pondasi Karaton Surosowan, jeung Masjid Agung Banten, nu sanggeus merdeka mah pernahna di Desa Banten, Kacamatan Kasemen, Kabupaten Serang, Propinsi Banten. Legana Surosowan moal kurang ti tilu hektar. Dijumlah-jamleh jeung masjid aya kana lima hektarna.

Ceuk babad Sajarah Banten, Karaton Surosowan nu oge disebut Kedaton Pakuwan jeung Masjid Agung Banten diadegkeun ku Maulana Hasanuddin, sultan munggaran Banten. Ku turunan nu ngagantina, Maulana atawa Panembahan Yusup, karaton Surasowan teh dibentengan tohaga pisan, bahanna dijieun tina bata jeung batu karang.

Baca Juga: Situs Pasir Pantun Sukadana Ciamis, Nanggap Pantun Kajadian Musibat

Luhurna benteng kurang leuwih dua meter, kandelna aya kana 5 meterna. Di jero benteng aya sababaraha bangunan, salasahiji di antarana karaton keur sultan. Bangunana lolobana ngagunakeun kai jeung awi. Ceuk sumber Walanda, tembok bangunan tempat Sultan, leuwih luhur batan benteng, hateupna dijieun tina kenteng.

Taun 1605 jeung taun 1607, komplek Karaton Surosowan kahuruan. Ku Sultan Haji, dibantuan ka arsiktek Belanda, Hendrik Lucas Cardel, komplek Karaton Sura­sowan teh dibangun deui. Ngan taun 1812, ku Daendels diancurkeun tepi ka ngan ukur pondasina wungkul.

Ayeuna sesa-sesana teh ukur pondasi bangunan, balong Rara Denok jeung bale kambangna, saluran cai, balong pancuran emas, jeung sajabana, kaasup rohangan di juru benteng. Tina sesa-sesana ieu, di komplek karaton Surasowan teh lain ukur aya tempat sultan, oge bangunan keur prameswari, istal kuda jeung sajabana.

Tina ekskavasi (penggalian arkeologi), paling henteu aya dua tahapan dina ngawangun komplek karaton Surosowan teh. Tahap­an kahiji, bata disusun make rarapet tina taneuh lempung. Tahapan kadua, rarapet anu digunakeunana teh dicampuran keusik jeung bahan sejenna, diduga tina batu karang. 

Baca Juga: Jaman Pajajaran, Angklung kungsi Dipake Musik Perang

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x