Lain ukur Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

- 7 November 2023, 14:34 WIB
Situs Siliwangi di Desa Cibeureum, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. Aya patalina jeung dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet.
Situs Siliwangi di Desa Cibeureum, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. Aya patalina jeung dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dongéng sakadang monyét jeung sakadang kuya téh saenyana gambaran kajadian sajarah nu kungsi lumangsung di Tatar Sunda, di Pulo Jawa bagéan kulon. Sakadang kuya jeung sakadang monyét téh lain ngan saukur dongéng.

Awit abad ka-5 katompérnakeun di wewengkon Tatar Sunda nu sacara budaya ngawengku Provinsi Banten jeung Dayeuhluhur Jawa Tengah aya dua karajaan, Galuh jeung Sunda. Sawaktu-waktu éta karajaan téh ngahiji, sawaktu-sawaktu deui misah. Mimitina di kalangan karajaanana antara urang Galuh jeung urang Sunda kungsi patelak.

Dumasar naskah Wangsakerta, karajaan Galuh diadegkeun ku Wrekitandayun, anak raja Kandiawan ti karajaan Kendan. Teu béda jeung Kendan, Galuh ogé asalna mah karajaan bawahan Tarumanagara. Taun 669 Tarumanagara runtag, sataun ti hartita, taun 670 Galuh misahkeun manéh jadi karajaan nu mandiri.

Baca Juga: Ceuk Sakaol Syeh Abdul Muhyi Pamijahan Tasikmalaya, Rundayan Raja Pajajaran  

Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa. Dina naskah Pustaka Pararatwan i Bhumi Jawadwipa parwa 1 sarga 2, Tarusbawa téh minantu Rahyang Sanjaya ti Karajaan Galuh. Méméhna, Tarusbawa jadi raja Tarumanagara. Taun 670, Tarusbawa mindahkeun puseur dayeuhna ka Sundapura, sarta karajaanana diganti jadi Karajaan Sunda.

Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh saterusna nyieun kasapukan ngeunaan tapel wates karajaan. Anu dijieun tapel watesna téh Ci Tarum. Daérah kakawasaan Galuh wétaneun Ci Tarum, ari kakawasaan Sunda kuloneun Ci Tarum.

Ti taun 723 tepi ka taun 739, Sanjaya lantaran boh ti Galuh boh ti Sunda boga hak nyekel kakawasaan ngahijikeun Galuh jeung Sunda. Sanggeus jadi raja di Mataram Hindu, Sanjaya masrahkeun karajaanana ka anakna, Rakeyan Tamperan. Ku sabab paripolahna goréng, Tamperan ngan kuat tujuh taun jadi rajana.

Ku kituna, karajaan Sunda-Galuh ti taun 739 misah deui. Karajaan Sunda puseur dayeuhna di Pakuan Bogor, ari Galuh di Karangkamulyan Ciamis. Ti taun 852 tepi ka taun 891 Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Rakéyan Wuwus Sang Prebu Gajahkulwan, puseur dayeuhna di Pakuan. Rakéyan Wuwus katurunan Banga, raja Sunda.

Baca Juga: Karaton Sukapura Kari Waasna, nu Bisa Cumarita Ukur Museum Alit Luluhur Sukapura

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x