Lain ukur Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

- 7 November 2023, 14:34 WIB
Situs Siliwangi di Desa Cibeureum, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. Aya patalina jeung dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet.
Situs Siliwangi di Desa Cibeureum, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. Aya patalina jeung dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet. /Nanang S/galura.co.id

Béda jeung di Karajaan Sunda. Dina tradisi Sunda mah layon téh dikubur dijero taneuh atawa dikurebkeun. Nu matak kaharti di Kanékés (Baduy) nu dianggap masih kukuh nyeket budaya Sunda, anu maot téh dikurebkeun. Kanékés tadina kaasup karajaan Sunda. Tepi ka ayeuna di wewengkon urut Sunda aya istilah pasaréan, hartina tempat ngurebkeun layon.

Karajaan Galuh jeung Sunda digambarkeun ku dongéng sakadang kuya jeung sakadang monyet. Kuya ayana di cai (Galuh), monyét ayana di gunung (Sunda). Tapi, naon sababna monyét dina dongéng sakadang kuya jeung sakadang monyét digambarkeun harak? Bisa jadi lantaran gegedén Sunda kungsi maténi Darmaraksabuwana nu turunan Galuh.

Tambah deui, dina fabel (dongéng sasatoan) sato nu dicaritakeunana tara jauh jeung sipatna dina kanyataan. Monyét téh sipatna hawek, kekedemes, ari kuya salilana anca, tartib. Jadi saterusna mah, dongéng sakadang monyét jeung sakadang kuya téh teu ngalambangkeun paséana urang Galuh jeung urang Sunda.

Urang cai jeung urang gunung jadi sabeungkeutan, sauyunan henteu aing-aingan. Ti abad ka-14 ogé sabenerna wewengkon Jawa Barat, Banten, Dayeuhluhur, Pananggapan, geus disebut Tatar Sunda. Hartina teu dibedakeun deui ku sub étnik Sunda jeung Galuh. Kabehanana oge geus ngahiji: urang Sunda. ***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah