GALURA.CO.ID -Riwayat Pangeran Wangsakerta dina sawatara sumber mah henteu eces, boh ti sumber karatoon boh ti sumber Walanda dina salahsahiji naskahna, ku Pangeran Walangsungsang satekah polah dilelempeng.
Gotra Sawala atawa mun ayeuna mah symposium keur nyusun buku sejarah Nusantara lumangsung di Cirebon dina abad ka-17. Parasajarawan ti Nusantara ngariung, ngagelar gempungan keur madungdengkeun, nyawalakeun jeung nulis sajarah Nusantara. Sawala nu rongkah pisan, karek digelar harita jeung tepi ka ayeuna tacan aya nu mapakan.
Anu mokalanana teh Pangeran Wangsakerta. Saha ari Pangeran Wangsakerta. Sajarawan Sunda, Saleh Danasasmita, dina makalahna, Pangeran Wangsakerta, Sebagai Sejarawan Abad XVII, ditepikeun dina Seminar Kebudayaan Sunda Proyek Sundanologi Depdikbud di Bandung (9-11/3/1986), ngambarkeun saha ari Pangeran Wangsakerta.
Baca Juga: Alatan Ekspansi Cirebon, Ceuk Sakaol Ny.Rambut Kasih Ngagem Agama Islam
Ceuk Saleh Danasasmita, Pangeran Wangsakerta meh teu pikawanoh ku balarea, kitu deui di lingkungan karaton Cirebon. Ukur disarebut Panembahan Cirebon I, nu mancen tugas asisten Sultan Sepuh ti karaton Kasepuhan. Teu pati kacatur dina sejarah Cirebon, babakuna nu aya patalina jeung kasultanan di Cirebon.
Pangeran katilu Cirebon
Dina naskah perjanjian antara Cirebon jeung Kompeni (VOC), 7 Januari 1681 (naskahna kiwari di gedung Arsip Nasional Jakarta) nu ditulis dina dua basa beulah kenca make basa Melayu Arab, beulah katuhu make basa Belanda make huruf latin, ti pihak Cirebon anu nanda tanganna salapan urang. Hiji di antarana Pangeran Wangsakerta.
Ngaran Pangeran Wangsakerta aya dina urutan katilu, make aksara cacarakan. Dina eta naskah disebutkeun anu nyekel kakawasaan di Cirebon teh tilu urang, kaasup Pangeran Wangsakerta. Dumasar ieu dokumen, ceuk Saleh, tokoh Pangeran Wangsakerta, salahsaurang panguasa Cirebon, dina paro kadua abad ka-17, memang kungsi aya di kieuna.
Dina Naskah Wangsakerta oge disabit ngeunaan ieu perjanjian nu disebutkeun opat taun sanggeus dibentukna Kasepuhan jeung Kanoman (taun 1599 Saka atawa taun 1677 Masehi). Ti Cirebon anu nandatanganna Sultan Kasepuhan I, Pangeran Samsudin Mertawijaya; Sultan Kanoman I, Pangeran Badridin Kertawijaya.
Lian ti eta, kabeh pajabat penting negeri Cirebon nu disebut jaksa Pepitu oge milu nandatangan, Jaksa Pepitu dipupuhuan ku Panembahan Ageng Gusti Cirebon nu taya lian ti Pangeran Wangsakerta. Jaksa Pepitu sejana Raksanagara, Purbanagara, Anggadireksa, Anggadiprana, Anggaraksa, Singanagara, jeung Nayapati.