Baca Juga: Sapton, Olahraga Has Kabupaten Kuningan, Kungsi Dipake Ngarurug Rajagaluh
Ti pihak Kumpeni Walanda Yakub Bule (Jakob van Dijk) jeung Kapitan Misel (Michielsz). Ditanda tangan di keraton Kasepuhan. Ku Dr. F. de Haan dina bukuna Priangan II (1912), Pangeran Wangsakerta disebut Depati Topati. Dina sumber Kompeni sejenna, dijulukan de derde Prins van Cheribon (Pangeran katilu ti Cirebon).
Dina catetan Kompeni, Dagh Register geharden int Casteel Batavia: 19 November 1677, ngamuat laporan Caeff (wakil Kompeni di Banten) nu ngabwarakeuna de derde Prins karek mulang ka Cirebon ti karaton Banten. Ngan dina Dagh Register 21 Desember 1677, Caeff ngabewarakeun eta warta henteu bener.
De Haan (1912, 260 paragraf 425) nyutat laporan B. van der Meer jeung Jan Mulder, nulis Sultan Anom (Sultan Badridin Kertawijaya, Karaton Kanoman) masih masih aya hubungan dulur jeung karaton Banten, tapi Dipati Topati (Pangeran Wangsakerta) mah henteu mibanda hubungan dulur jeung karaton Banten.
Ceuk sakaol, aya naskah wawacan nu nyaritakeun Pangeran Kertawijaya (Sultan Anom) indungna asalna ti Banten. Pangeran Mertawijaya (Sultan Sepuh) jeung Pangeran Wangsakerta indungna ti Mataram. Nu matak teu aneh sababaraha sejarawan nyebutkeun riwayat Pangeran Wangsakerta, jeung kalungguhanana di Cirebon tacan eces pisan.
Ceuk Wangsakerta
Pangeran Wangsakerta dina naskah Pustaka Nagara Kretabhumi parwa I sarga 4 (kaca 86-88) ngadadarkeun riwayat dirina. Siwi Amangkurat II, ngadahup ka Panembahan Giri Laya, Sultan Cirebon (samemeh direcah jadi tilu karaton) nu keur ditawan di Mataram. Boga seuweu tilu: Mertawijaya, Kertawijaya jeung Wangsakerta
Mertawijaya nu oge dilandi Samsudin jadi Sultan Kasepuhan I; adina Kertawijaya nu oge disebut Badridin jadi Sultan Kanoman I, nu bungsu, Wangsakerta jadi Panembahan Cirebon I. Ceuk Wangsakerta mah dirina jeung Mertawijaya saindung sabapa jeung Kertawijaya, jadi masih dulur jeung Sultan Banten.***