Pangeran Wangsakerta, Sejarawan Legendaris Cirebon  Ngalelempeng Riwayatna Sorangan

- 10 Oktober 2023, 12:00 WIB
PASEBAN Karaton Cirebon. Ti dieu lahir sejarawan nu ngaranna Wangsakerta, ngayakeun goitra sawala sarta ngahasilkeun buku serial naskah Wangsakerta.
PASEBAN Karaton Cirebon. Ti dieu lahir sejarawan nu ngaranna Wangsakerta, ngayakeun goitra sawala sarta ngahasilkeun buku serial naskah Wangsakerta. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Riwayat Pangeran Wangsakerta dina sawatara sumber mah henteu eces, boh ti sumber karatoon boh ti sumber Walanda dina salahsahiji naskahna, ku Pangeran Walangsungsang satekah polah dilelempeng. 

Gotra Sawala atawa mun ayeuna mah symposium keur nyusun buku sejarah Nu­santara lu­mang­sung di Cirebon dina abad ka-17. Parasajarawan ti Nusantara ngariung, ngagelar gempungan keur madungdengkeun, nyawalakeun jeung nulis sajarah Nusantara. Sawala nu rongkah pisan, karek digelar harita jeung tepi ka ayeuna tacan aya nu mapakan.

Anu mokalanana teh Pange­ran Wangsakerta. Saha ari Pangeran Wangsakerta. Sajara­wan Sunda, Saleh Danasasmita, dina makalahna, Pangeran Wang­sakerta, Sebagai Sejara­wan Abad XVII, ditepikeun dina Seminar Kebudayaan Sunda Proyek Sundanologi Depdikbud di Bandung (9-11/3/1986), ngambarkeun saha ari Pangeran Wangsakerta.

Baca Juga: Alatan Ekspansi Cirebon, Ceuk Sakaol Ny.Rambut Kasih Ngagem Agama Islam

Ceuk Saleh Danasasmita, Pangeran Wangsakerta meh teu pikawanoh ku balarea, kitu deui di lingkungan karaton Cirebon. Ukur disarebut Panembahan Ci­re­bon I, nu mancen tugas asisten Sultan Sepuh ti karaton Kase­puhan. Teu pati kacatur dina se­jarah Cirebon, babakuna nu aya patalina jeung kasultanan di Cirebon.

Pangeran katilu Cirebon

Dina  naskah perjanjian an­tara Cirebon jeung Kompeni (VOC),  7 Januari 1681 (naskahna kiwari di gedung Arsip Nasional Jakarta) nu ditulis dina dua basa beulah kenca  make basa Melayu Arab, beulah katuhu make basa Belanda make huruf latin, ti pihak Cirebon anu nanda tanganna salapan urang. Hiji di antarana Pangeran Wangsakerta.

Ngaran Pangeran Wangsakerta aya dina urutan katilu, make aksara cacarakan. Dina eta naskah disebutkeun anu nyekel kakawasaan di Cirebon teh tilu urang, kaasup Pangeran Wangsakerta. Dumasar ieu dokumen, ceuk Saleh, tokoh Pangeran Wangsakerta, salahsaurang panguasa Cirebon, dina paro kadua abad ka-17, memang kungsi aya di kieuna.

Dina Naskah Wangsakerta oge disabit ngeunaan ieu perjanjian  nu disebutkeun opat taun sang­­geus dibentukna Kasepuhan jeung Kanoman (taun 1599 Saka atawa  taun 1677 Masehi). Ti Ci­rebon anu nandatanganna Sul­tan Kasepuhan I, Pangeran Sam­sudin Mertawijaya; Sultan Kano­man I, Pangeran Badridin Kertawijaya.

Lian ti eta, kabeh pajabat pen­ting negeri Cirebon nu disebut jaksa Pepitu oge milu nandatangan, Jaksa Pepitu dipupuhuan ku Panembahan Ageng Gusti Cire­bon nu taya lian ti Pangeran Wang­sakerta. Jaksa Pepitu sejana Raksanagara, Purbanagara, Ang­gadireksa, Anggadiprana, Angga­raksa, Singanagara, jeung Nayapati.

Baca Juga: Sapton, Olahraga Has Kabupaten Kuningan, Kungsi Dipake Ngarurug Rajagaluh

Ti pihak Kumpeni Walanda Yakub Bule (Jakob van Dijk) jeung Kapitan Misel (Michielsz). Ditanda tangan  di keraton Kasepuhan. Ku Dr. F. de Haan dina bukuna Priangan II (1912), Pangeran Wangsakerta disebut Depati Topati. Dina sumber Kompeni sejenna, dijulukan de derde Prins van Cheribon (Pange­ran katilu ti Cirebon).

Dina catetan Kompeni, Dagh Register geharden int Casteel Batavia: 19 November 1677, ngamuat laporan Caeff (wakil Kompeni di Banten) nu ngabwarakeuna de derde Prins karek mulang ka Cirebon ti karaton Banten. Ngan dina Dagh Register 21 Desember 1677, Caeff ngabewarakeun eta warta henteu bener.

De Haan (1912, 260 paragraf 425)  nyutat  laporan B. van der Meer jeung Jan Mulder, nulis Sultan Anom (Sultan Badridin Kertawijaya, Karaton Kanoman) masih masih aya hubungan dulur jeung karaton Banten, tapi Dipati Topati (Pangeran Wangsakerta) mah henteu mibanda hubungan dulur jeung karaton Banten.

Ceuk sakaol, aya naskah wawacan nu nyaritakeun Pa­nge­ran Kertawijaya (Sultan Anom) indungna asalna ti Ban­ten. Pangeran Mertawijaya (Sultan Sepuh) jeung Pangeran Wang­sakerta indungna ti Ma­taram. Nu matak teu aneh saba­baraha sejarawan nyebutkeun riwayat Pangeran Wang­sakerta, jeung kalungguhanana di Cirebon tacan eces pisan.

Ceuk Wangsakerta

Pangeran Wangsakerta dina naskah Pustaka Nagara Kreta­bhu­mi parwa I sarga 4 (kaca 86-88) ngadadarkeun riwayat dirina. Siwi Amangkurat II, ngadahup ka Panembahan Giri Laya, Sultan Cirebon (samemeh direcah jadi tilu karaton) nu keur ditawan di Mataram. Boga seu­weu tilu: Mertawijaya, Kerta­wijaya jeung Wangsakerta

Mertawijaya nu oge dilandi Samsudin jadi Sultan Kasepuhan I; adina Kertawijaya nu oge disebut Badridin jadi Sultan Ka­noman I, nu bungsu, Wangsa­kerta jadi Panembahan Cirebon I. Ceuk Wangsakerta mah dirina jeung Mertawijaya saindung sa­bapa jeung Kertawijaya, jadi ma­sih dulur jeung Sultan Banten.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah