Sapton, Olahraga Has Kabupaten Kuningan, Kungsi Dipake Ngarurug Rajagaluh

- 20 September 2023, 20:00 WIB
Olahraga Sapton nu ngan ukur aya di Kabupaten Kuningan.
Olahraga Sapton nu ngan ukur aya di Kabupaten Kuningan. /

GALURA CO.ID -Sapton teh kamonesan nu wajib aya dina ngareuah-reuah milangkala Kuningan: Ngalempagkeun tumbak bari naék kuda, ari nu jadi sasarana­na  barang, biasana émbér plastik, nu digantungkeun rada lu­hur. Tumbakna téh kudu keuna kana éta barang bari nu tumpak kudana ulah tepi ka labuh, najan kudana ngajaul ka luhur.

Kalangenan sapton umurna geus ratusan taun.  Sapton téh asalna tina bentuk latihan prajurit Kuningan waktu ngabantuan Kasultanan Cirebon nu keur soson-soson ngaruntagkeun Karajaan Sunda. Adipati Kuningan nu ngaran aslina Suranggajaya, anak Ong Tin Nio, nu cenah mah putri Raja Campa, mantuan Cirebon téh waktu ngarurug Karajaan Ragaluh.

Harita Kuningan geus jadi patalukan Cirebon. Sunan Gunung Djati ngangkat Suranggajaya jadi adipati di Kuningan sarta saterusna nelah Adipati Kuningan. Pasukanna dipingpin langsung ku Adipati Kuningan, ari panglima perangna mah Dipati Éwangga.

Di Gunung Gundul, kiwari kaasup bawahan Désa Bunder Kabupatén Cirebon,  tapel wates antara Kuningan, Majalengka jeung Kabupatén Cirebon kiwari, prajurit Kuningan jeung prajurit Rajagaluh ngadu jajatén, silih arah pati.

Baca Juga: Ngadegna Pasar Baru Bandung, Alatan Huru-Hara Munada

Prajurit Kuningan rada kadéséh, malah Adipati Kuning­an sorangan teu mampuh ngayonan kasaktian Arya Kiban, patih Rajagaluh. Nempo kitu Adipati Kuningan maréntahkeun sangkan prajuritna mundur. Di tempat nu aman, bari reureuh Adipati Kuningan mikir kumaha carana sangkan prajuritna bisa ngéléhkeun sinatria Rajagaluh.

Adipati Kuningan jeung Dipati Éwangga ahirna meuseuh kaparigelan prajuritna dina ngalempagkeun tumbak bari ngalumpatkeun kuda. Minangka sasaranana bebegig tapi teu ditancebkeun kana taneuh, digantung dina dahan kai nu luhurna tilu méteran. Lima urang prajurit sina tumpak kuda, ngabaris rada  jauh ti tempat bebegig digantungkeun.

Lima prajurit bieu sina ngalumpatkeun kudana, balap paheula-heula nujul ka bebegig bari ngamang-ngamang tumbak. Kira-kira lima deupa  deui kana bebegig, bari kudana tetep sina lumpat tarik, prajurit téh ngalempagkeun tumbakna kana bebegig. Cenah, réa prajurit nu gagal numbak bebegig lantaran bari numpak kuda nu ngabelesat.

Sangkan latihanana soson-soson,  unggal pajurit nu bisa  numbak sasaran ku Adipati Kuningan dibéré hadiah. Anu keur latihan lain waé pada ngalalajonan, lain waé ku sasama prajurit tapi ogé ku masarakat. Najan Rajagaluh geus bisa ditalukeun, latihan kamahéran prajuritna dina numbak sasaran terus dilaksanakeun.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x