Agama Sunda Diaragem Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Pulo Jawa

- 11 September 2023, 12:25 WIB
Sasak rawayan (jembatan gantung) di Desa Kanekes (Baduy), Banten. Cenagh mah agama nu dianut ku urang Kanekes teh agama Sunda wiwitan.
Sasak rawayan (jembatan gantung) di Desa Kanekes (Baduy), Banten. Cenagh mah agama nu dianut ku urang Kanekes teh agama Sunda wiwitan. /

GALURA.CO.ID -Samemeh datang pangaruh India, naon agama urang Sunda? Tacan aya nu bisa mastikeun. Ngan Anis Jati Sunda suwargi nyebutkeun agama urang Sunda baheula disebut agama Sunda sarta aya sahadatna.

Tepi ka danget ieu tacan aya  anu bisa mastikeun naon agama urang Sunda baheula, najan di antarana aya anu boga pamanggih agama urang Sunda baheula teh Hindu jeung Budha.  Tapi pikeun Anis Djati Sunda (ADS) sawargi dina sababaraha tulisanna negeskeun agama urang Sunda baheula teh nyaeta agama Sunda.

Pangna mibanda kamandang kitu, nyoko kana naskah lontar Carita Parahyangan koropak 406 nu nerangkeun ayana para wiku atawa pandita “nu ngawakan Jati Sunda”: para pandita anu ngamalkeun ajaran agama lokal anu ngamumule “kabuyutan parahyangan”. Anu nuluykeun ngamumule kabuyutan teh Urang Rawayan (Baduy).

Baca Juga: Bulan Mulud, Makam Sunan Pada di Karedok Kabupaten Sumedang Loba nu Ngajarohan

Urang Rawayan anu cenah ngagem agama Sunda Wiwitan dumukna di Mandala Kanekes, pamukiman urang Baduy jeung sistem anu ngatur sapopoe  warga Baduy utamana Baduy Jero anu masih keneh tuhu kana adat.  Kabuyutan anu dijaga tur dipulasarana disebut Sasaka Domas, Sasaka Pusaka Buana, atawa disebut oge Sasaka Pada Ageung.

Katerangan sejen anu negeskeun agama Sunda geus aya ti baheula sakumaha anu dipedar dina Pantun Bogor bagian Pantun Gede (pantun sakral episode “ Curug Sipada Weruh”). Unina kieu “ …Saacan urang Hindi ngaraton di Kadu Hejo oge, Karuhun urang mah geus baroga agama, anu disarebut agama Sunda tea….” 

Kadu Hejo ceuk Pantun Bogor pernahna di Kabupaten Pan­deglang Provpinsi Banten, nepi ka ayeuna eta wewengkon masih keneh disebut Kadu Hejo. Ari dimaksud urang Hindi teh Dewawarman nu dina naskah Wangsakerta dijentrekeun minantuna Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya, dikawinkeun ka Pohaci Larasati, anakna Aki Tirem.

Dewawarman anu ngagem agama Hindu, tuluy diangkat jadi raja Salakanagara nu puser dayeuhna di Rajatapura (130-168 M) ngagantikeun Aki Tirem. Ari Aki Tirem sorangan, ceuk Anis Jatisunda mah lain urang asli Pulo Jawa, tapi sarua urang Hindi. Boh Dewawarman boh Aki Tirem lunta ti Indiana teh kakaburan alatan pulitik. 

Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Niskala Wastu Kancana

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah