Lain ukur Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

- 7 November 2023, 14:34 WIB
Situs Siliwangi di Desa Cibeureum, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. Aya patalina jeung dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet.
Situs Siliwangi di Desa Cibeureum, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. Aya patalina jeung dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet. /Nanang S/galura.co.id

Pangna bisa jadi raja di Galuh, pamajikan Rakéyan Wuwus téh katurunan raja Galuh, Manarah, nu teu boga anak lalaki, jadi tahta karajaanana dipasrahkeun ka minantuna. Taun 891, Rakéyan Wuwus ngécagkeun kalungguhanana. Anu ngagantina, salaki adi Rakéyan Wuwus, Arya Kadatwan Prabu Darmaraksabuwana, katurunan raja Galuh.

Kungsi sababaraha gegedén karajaan Sunda henteu narima katurunan Galuh nyekel kalungguhan di Pakuan. Prabu Darmaraksa (891-895) ditelasan ku salahsaurang mantri karajaan. Unggal raja Sunda nu anyar diisitrénan salawasna merhitungkeun puseur karajaanana. Bisi nasib nu tumiba ka Prabu Darmaraksa kaalaman deui.

Pundah-pindah

Antara taun 895 tepi ka taun 1311, puseur karajaan téh mindeng pundah-pindah. Ti wétan ka kulon jeung sabalikna. Ti mimiti abad ka-14, ti taun 1333, pusat karajaan téh di Kawali nu ayeuna kabawah ka Kabupatén Ciamis. Harita, Kawali dipandang strategis, pernahna di tengah-tengah antara Galunggung-Saunggalah-Galuh.

Karajaan Sunda-Galuh ngahontal puncak kajayaanana jaman Prabu Niskala Wastukancana (1371– 1475). Sanggeus Prabu Wastukancana tilar dunya, karajaan dibagi dua deui, Sunda Pakuan nu puseur dayeuhna di Pakuan Bogor (Sang Haliwungan, Susuk Tunggal) jeung Galuh Pakuan nu puseur dayeuna di Kawali Ciamis (Ningrat Kancana)

Jaman Sribaduga Maharaja, anak Ningrat Kancana jeung minantu Susuk Tunggal, taun 1482, karajaan téh dihijikeun deui. Sribaduga mindahkeun puseur karajanana ka Pakuan Bogor. Bisa jadi kituna téh lantaran, Islam di Cirebon geus mekar, sarta Sri Baduga mandang palabuan Sunda Kalapa leuwih penting batan palabuan di Cerbon.

Anwas Adiwijaya dina bukuna nu medal taun 1975 nyebutkeun sacara budaya antara Galuh jeung Sunda aya nu béda. Ku Anwas diistilahkeun urang Galuh téh urang cai ari urang Sunda urang gunung. Urang Galuh mitosna buhaya ari urang Sunda mitosna maung. Buhaya ayana dina cai, ari maung ayana di gunung.

Baca Juga: Urang Tionghoa di Nusantara Tadina Nyimpang Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah

Mitos buhaya tepi ka ayeuna hirup kénéh. Contona, di Karangkamulyan Ciamis, di tempat ngahijina Ci Muntur jeung Ci Tanduy, nu laha-loho ka lebah dinya dipantrang ulah nyebut buhaya. Matak cilaka. Cenah, buhaya di dinya lain sabuhaya-buhayana. Batalyon tentara elit Banteng Raiders nu markasna di Banjar Patroman dingaranan Buaya Putih.

Teu anéh deuih mun legénda Prabu Siliwangi salawasna dipatalikeun jeung maung. Waktu diudag-udag ku Kéan Santang, di Leuweung Sancang Garut, cenah, Prabu Siliwangi téh ngahiangna jadi maung sarta mun nembongan mangrupa maung. Kapercayaan ieu pangaruh tina mitos ngeunaan maung dina tradisi Sunda.

Urang Cai

Di Ciamis jeung Tasikmalaya nu tadina wewengkon Karajaan Galuh, urang cai, aya sababaraha tempat anu disebut panereban. Kecap panereban asalna tina kecap nereb, anu hartina palid. Panereban hartina tempat malidkeun. Anu dipalidkeunana layon. Dina tradisi Galuh, layon téh kudu dipalidkeun ka walungan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah