Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kabupaten Ciamis, Pamali Nanggap Wayang

- 26 Desember 2023, 19:00 WIB
Batu Pantun di Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.
Batu Pantun di Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Di Kampung Salegok, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, aya situs nu dingaranan Situs Pasir Pantun, saampar jeung Situs Gunung Cariu.

Di Situs Pasir Pantun aya nu dipercaya makam Aki Pantun jeung Batu Kacapi  nu oge disebut Batu Pantun. Makamna tina batu andesit, make nisan jeung aya tilu batu demprak

Lian ti eta kapanggih batu pispun. Batu pispun mah titinggal jaman kolonial Walanda, ciri pametaan tanah. Di Kecamatan Sukadana memag loba perkebunan nu ayeuna dicangking ku Perhutani.

Baca Juga: Karamat Talun Kabupaten Cirebon Patilasan Pangeran Cakrabuana Mbah Kuwu Sangkan

Kiwari perkebunana dipelakan tangkal jati. Jaman Walanda mah aya nu dipelakan tangkal karet nu diala geutahna.

Batu Kacapi atawa Batu Pantun mah bisa jadi titinggal jaman megalitikum, titingga jaman batu besar atawa jaman prasejarah.

Bentukna kawas kacapi, ukuranana 1,25 meter x 67,5 senti x 27 senti, ngujur wetan ngulon. Ngan ayeuna mah geus ruksak. Aya aksara Sunda nu dipahat, tacan aya nyoba-nyoba macana.

Dumasar legenda masarakat Ciparigi, Pasir Pantun teh kungsi dipake pasanggrahan keur  Prabu Sirnaraja, raja di Karajaan Rajadesa, seuweu Sri Baduga Maharaja, sabada moro kidang di Gunung Cariu.

Baca Juga: Salasahiji Keris Gagaman Pangeran Diponegoro, Keris Naga Siluman

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x