Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kabupaten Ciamis, Pamali Nanggap Wayang

- 26 Desember 2023, 19:00 WIB
Batu Pantun di Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.
Batu Pantun di Situs Pasir Pantun di Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. /Nanang S/galura.co.id

Bari nungguan daging kidang asak, Prabu Sirnaraja dihibur ku pagelaran  pantun  sarta juru pantunna Eyang Wijayakusumah nu dijulukan Aki Pantun.

Aki Pantun mantunna dina batu nu ayeuna disebut Batu Kacapi. Waktu pagelaran pantun, kajadian musibah, korbanna rea, kaasup Aki Pantun sarta dimakamkeun di ponclot pasir.

Ari Prabu Sirnaraja mah salamet. Memeh mulang ka Rajadesa, Prabu Sirnaraja kedal ucap nu tepi ka kiwari dijadikeun pantrangan keur masarakat.

Pantrangan nu tepi ka danget dicekel pageuh teh: teu meunang ngadahar daging kidang jeung teu meunang magelarkeun kasenian nu ngalalakon atawa nu medar carita saperti pantun, wayang, drama, tunil jeung sajabanna.

Baca Juga: Barendelan Lululuhur Ciamis  jeung Tasikmalaya, Luluhur Satempat jeung Satingkat Raja Wilayah

Lamun dirempak dipercaya bakal aya kajadina nu teu dipiharep, babakuna ka nu nanggap kasenianana.

Eta pantrangan teh keur kampung nu tadina asup ka Desa Cariu: Kampung Cariu, Sukarasa, Cikancah, Salegok jeung Kampung Ciparay.

Ayeuna eta lima kampung teh dibagikeun ka tilu desa. Kampung Cariu asup ka Desa Sukadana, Sukarasa ka Desa Salakaria, Cikancah ka Desa Bunter, Salegok jeung Ciparay ka Desa Ciparigi.

Pantrangan-pantrangan tadi teh ceuk Prabu Sirnaraja cara ciri urang. Lila ti lila cara ciri urang disingget jadi Cariu sarta dijadikeun ngaran tempat.

Tepi ka danget ieu di  Cariu, Sukarasa, Cikancah, Salegok jeung di Ciparay  tara aya nu waniun nanggap wayang jeung kasenian sejenna nu medar lalakon. Lian ti eta masarakatna pantrang ngadahar daging kidang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah