Salasahiji Keris Gagaman Pangeran Diponegoro, Keris Naga Siluman

- 16 Desember 2023, 21:00 WIB
Keris Naga  Siluman, salasahiji keris gagaman Pangeran Diponegoro.
Keris Naga Siluman, salasahiji keris gagaman Pangeran Diponegoro. /Nanang/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Dina buku The Power of Prophecy: Prince Dipanagara and the End of an Old Order in Java jilid ka-3 bagean Appendix, Prof. Peter Carey, ngabarendelkeun barang pusaka milik Pangeran Diponegoro, boh tumbak boh keris. Teu beda jeung umumna keris pusaka, keris nu dipimilik ku Pangeran Diponegoro  boga ngaran sewang-sewangan.

Keris milik Pangeran Diponegoro di antarana: Bondoyudho, Bondoyudho (tina keris Abijoyo nu dilebur jeung ruruhit panah Sarutomo katut tumbak Barutubo), Wisa Bintulu, Wresa Gumilar, warisan ti Sultan HB III), Rondhan, Hatim, jeung KK Blabar.

Ceuk sakaol, Pangeran Diponegoro oge mibanda keris Naga Siluman. Ngan dina Babad Diponegoro nu kandelna 1100 kaca (halaman) keris Naga Siluman henteu disebut-sebut.

Baca Juga: Barendelan Lululuhur Ciamis  jeung Tasikmalaya, Luluhur Satempat jeung Satingkat Raja Wilayah

Naga Siluman oge henteu disebut-sebut dina naskah meunang nyieun Kolonial Walanda nu dibagikeun ka ahli waris Pangeran Diponegoro sanggeus Pangeran Diponegoro ditahan ku Walanda.

Dina laporanana ka Komisari Du Bus jeung ka Gubernur Jendral Van de Bosh, katut ka Raja Willem, Jenderal De Kock oge teu kunggsi nyebut keris Naga Siluman.

Ngaran keris Naga Siluman, kapanggih dina catetan Ali Basah Sentot Prawirodirjo. Sentot nyebutkeun kungsi ningali Pangeran Diponegoro masrahkan Kiyai Naga Siluman ka Kolonel Jan Baptiste Cleerens.

Dina sejarah Kolonel Jan Baptiste Cleerens nu mokalan gempungan Walanda jeung Pangeran Diponegoro di Magelang. Ngan Walanda hianat, Pangeran Diponegoro ditahan.

Baca Juga: Luluhur Sunda di Wewengkon Limbangan Garut, Jumlahna Ngaratus

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x