Dina Kamus Umum Bahasa Indonesia, Purwadarminta disebutkeun kecap galuh kaasup istilah kesustraan lama nu hartina ‘ratna’ (inten); ‘putri’ (anak awwewe raja). Kamus Kawi-Balinese-Nederlandsch Woordenboek (van der Tuuk), oge nerangkeun galuh ngandung harti putri raja jeung permata atawa inten (ratna).
Ti baheula kecap galuh dilarapkeun keur ngaran wanoja. Dina cerita Cerita Panji aya ngaran Dewi Galuh Candrakirana, dina Cerita Panji-Melayu oge aya ngaran Galuh Ajeng. Di Banjarmasin, Kalimantan, kecap galuh dipake keur nyalukan budak awewe, kawas “neng” dina basa Sunda. Majan kitu di Jawa galuh oge dipake keur ngaran lalaki.
Kecap galuh oge dipake keur ngaran karajaan, tapi dina babad, ari babad kaasup dongeng, lain fakta sejarah, ku kituna teu bisa dijieun fakta sejarah, beda jeung prasasti atawa naskah nu ditulis dina sajaman. “Ngaran Karajaan Galuh ampir aya di unggal babad,” ceuk Undang Ahmad Darsa, filolog ti Unpad Bandung.
Dicontokeun dina Serat Babad nomer 1 nu diteundeun di Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, nyaritakeun perang antara raja Banjaransari jeung raja (jin) awewe di Galuh. Conto sejenna dina Babad Tanah Jawi, disebutkeun galuh teh karajaan Arya Bangah, ieu babad aya patalina jeung Kamandaka.
Baca Juga: Salasahiji Keris Gagaman Pangeran Diponegoro, Keris Naga Siluman
Serat Aji Saka, di antarana nyaritakeun Dewata Cengkar ngarurug Nagri Galuh, ngan Nagri Galuh ujug-ujug leungit, robah jadi leuweung. Undang Ahmad Darsa nyebutkeun dina Carita Parahyangan (CP), disebutkeun Galuh teh nagri Raja Sanjaya. “CP oge saenyana kagolongkeun kana dongeng nu deukeut kana bener,” pokna.
Kecap galuh nu kuat derajat kasajarahanana, derajat bahan epigrafina penting pisan mungguh sejarah, ceuk Undang Darsa, aya dina batutulis nu aya di Desa Gandasuli, Kedu. Ngan dina eta prasasti kecap galuhna make awalan pra: Pragaluh. Ieu prasasti ti barang dijieun tepi ka danget masih tetep di tempatna.
Ujung Galuh
Ngeunaan tempat nu ngaranna Ujung Galuh di Jawa Timur, ceuk Poerbatjaraka, ampir geus jadi kasapukan umum Ujung Galuh teh Ujung (palabuhan atawa bandar) di Surabaya. Ngaran lengkepna: Ujung Perak nu saterusna diganti jadi Tanjung Perak, lantaran hayang ngimbangan Tanjung Pariuk di Jakarta.
“Jadi, Ujung Galuh ngandung harti Ujung (Tanjung) Perak,” ceuk Undang Darsa. Tanah, daerah, atawa negeri Galuh bisa dihartkeun tanah, daerah, atawa negeri perak. Di dieu Galuh dihartikeun perak. Undang Darsa nyebutkeun galuh oge disebut-sebut dina Nagara Kretagama, pupuh ka-78 pada ka-5.
Baca Juga: Barendelan Lululuhur Ciamis jeung Tasikmalaya, Luluhur Satempat jeung Satingkat Raja Wilayah