Karajaan Galuh Lolobana Disabit  dina Dongeng jeung Babad

- 3 Januari 2024, 12:00 WIB
SALAHSAHIJI patilasan di Karangkamulyan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Karangkamulyan mindeng dipatali­keun jeung Karajaan Galuh nu  kungsi ngadeg di ieu wewengkon.
SALAHSAHIJI patilasan di Karangkamulyan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Karangkamulyan mindeng dipatali­keun jeung Karajaan Galuh nu kungsi ngadeg di ieu wewengkon. /Nanang S/galura.co.id

Di ieu buku susunan Mpu Prapanca teh disebutkeun Galuh teh desa merdeka agama Wisnu  nu teu jauyng jeung  Dakulut. Di­na basa Sunda mah  Da­yeuh­kolot. Dayeuh atawa kota nu ditinggalkeun, panguasana pin­dah ka tem­pat sejen saperti bupati Bandung nu mindahkeun puseur dayeuhna di Dayeuh kolot ka Kota Bandung ayeuna.

Dina Pararaton dipedar Ujung Galuh teh tempat numpi Jaya­katwang, raja Kediri. Ujuang Galuh oge dipake numpi ku Wija­ya, raja munggaran Majapahit. “Galuh bener-bener kaunggel dina ilmu bumi di Tanah Jawa nyampak dina karangan C.M. Pleyte, nu nyebutkeun Galuh  ayeuna mah  Ciamis,” ceuk Un­dang Darsa.

Kumaha ngeunaan Karajaan Galuh Pakwan? Undang Darsa nyebutkeun Poerbatjaraka nyutat katerangan Pleyte nu nulis: “De handeling (van Loetoeng Kasaroeng) valt voor is Pasir Batang anoe girang, het voormalige rijk van Galoeh, het welk omvatte Banjoemas, Zuid-Tjirebon en de Oost-Preanger‘

Hartina: Lalakon Lutung Kasarung kajadianana di Pasir Batang nu luhur, nyaeta di Karajaan Galuh nu jaman baheula nagwengku Banyumas, Cirebon Kidul jeung Priangan Wetan. Poerbatjaraka nyindekeun sakabeh daerah alir sungai Begawan-Serayu-Citanduy, asupna kakuwasaan Kerajaan Galuh nu  pusatna di daerah Ciamis  ayeuna.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah