Baca Juga: Bupati Bandung Takziyah ka Salasahiji ti Opat Korban Tabrakan KA Turangga - KA Bandung Raya
Ketua KPU Kabupaten Majalengka Teguh Fajar Putra Utama, ngahatur nuhunkeun ka Pemerintah Kabupaten Majalengka nu geus ngarojong sarta ngadeudeul lumangsungna Pemilu taun 2024. Inyana nyebutkeun surat suara nu geus katampa ku KPU Kabupaten Majalengka jumlahna 1.020.654 lambar tina jumlah sagemblengna leuwih ti lima juta lambar.
Jumlah sakitu teh surat suara keur DPRD Kabupaten, DPRD Provinsi, DPR Pusat, DPD jeung keur Pilpres. "Surat suara, tos lengkep. Surat suara DPD RI sareng Pilpres 2024 nembe ditampi sababaraha waktos kapengker, pangpandeuruna katampi ku KPU Kabupaten Majalengka," ceuk Teguh. Suara suara diteundeun di gudang kalayan aman.*** Ayank R Sambara