Hayam Sukuna Tilu, di Sindangkasih Kabupaten Majalengka

- 8 Januari 2024, 16:34 WIB
Hayam sayur sukuna tilu, nu bogana Iing warga Kampung Dukuh Gembrong, Kecamatan Sindangkasih, Kabupaten Majalengka.
Hayam sayur sukuna tilu, nu bogana Iing warga Kampung Dukuh Gembrong, Kecamatan Sindangkasih, Kabupaten Majalengka. /Tatang/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Iing warga Kampung Dukuh Gembrong, Kecamatan Sindangkasih, Kabupaten Majalengka, bogaeun hayam nu sukuna tilu. Hayamna teh hayam sayur, lain hayam kampung. Anak hayamna (day old chick, DOC), dikirim ku pausahaan, sakalian jeung parab katut obat-obatanana.

Iing miara hayam sayur teh geus lila, geus taunan. Ngan karek ayeuna hayam nu dipiarana aya nu sukuna tilu. Samemehna mah hayamna teh normal sakumaha hayam umumna. Kapanggihna aya hayam nu sukuna tilu teh basa panen, hayamna rek diangkut.

Iing nyebutkeun hayam nu suku tilu teh henteu dijual jeung moal dipeuncit, tapi rek diingu tepi ka paehna. Kahiji karunya, teu tegaeun meuncitna, kadua hayangeun nyaho tepi ka umur sabaraha bulan eta hayam.

Lolobana mah hayam sayur mun geus gede sok paeh teu pupuguh. Hayam sayur mah umumna teu panjang umurna. Teu kawas hayam kampung.*** Tatang S

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x