Perah Bedog tina Tanduk Munding Bule Dipercaya Mibanda Maunat

- 2 Januari 2024, 12:00 WIB
Perah bedog tia tanduk munding bule, dipercaya mibanda maunat:  nu mawana ludengeun.
Perah bedog tia tanduk munding bule, dipercaya mibanda maunat: nu mawana ludengeun. /Nanang /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anu nyieunan perah jeung sarangka bedogna umumna lain panday, tapi dipigawe ku nu sejen. Di Tatar Sunda profesi nyieunan perah jeung sarangka bedog disebutna teh maranggi. Cenah perah bedog tina tanduk munding bule mibanda maunat.

Tukang panday di gasoli  umumna dina nyieun pakakas, pakakas tatanen, contona, tara sakalian jeung nyieunan gagangna. Upamana wae nyieun bedog tara sakalian jeung nyieunan perah katut sarangka, nyieun pacul tara sakalian jeung nyieun doran. Kitu deui mun nyieun arit, parang, congkrang jeung sajabana.

Husus dina bedog, nu profesina nyieunan perah jeung sarangka bedog di tatar Sunda mah disebutna maranggi.  Tempat maranggi jeung gasoli henteu ngahiji, tapi misah, ngan teu pati jauh. Panday biasana mah ngan ukur narima pesenan nyieun bedog, ari nu nyieun perah jeung sarangkana mah maranggi.

Baca Juga: Huma di Masarakat Sunda

“Kumaha nu pesenna,” ceuk Tatang, panday di Pasirhalang, Desa  Cisontrol, Kecamatan Rancah Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, nu bedog jeung pakakas tani sejenna produkna dimerekan Eno Ptr (Eno Putra). “Aya nu pesen bedogna wungkul, aya oge nu pesen bedog tos diperahan sareng disarangkaan, kantun nganggo,” pokna.

Umumna mah nu ukur paresen bedogna. Sanggeus bedogna jadi, ku nu pesen, bedogna dibawa ka maranggi, sina diperahan jeung disarangkaan. Ku maranggi sok ditanya, perahna anu biasa, anu huluna diukir wayang naga, maung jeung sajabana. Arek tina kai atawa tina tanduk munding. Ari sarangkana mah umumna sok tina kai, arang nu tina tanduk munding, ari lain keur gagayaan mah.

Anu biasa dijieun perah jeung sarangka bedog teh kai mahoni, sonokeling, jeung jati. “Ari abdi mah perah bedog sok tina kai jeruk,” ceuk Dedi Syamsul Maarif nu nelah Dede Kustija, urang Kampung Mekarjaya, Desa Kaso, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis. Dede sok nyieunan perah nu diukir, kitu deui sarangkana, bedog nu mibanda ajen seni.

Dede nu oge sok nyieunan wayang golek teh nyebutkeun kai jeruk dipake perah bedog hade pisan, lantaran kai jeruk mah henteu regas. “Upami dina karet mah elastis atanapi ngaret.  Kai sonokeling mah regas, janten teu patos kiat upami dianggo perah bedoh teh, apan bedog mah sering dianggo kudak-kadek kana kain, janten perahna kedah kuat,” pokna. 

Baca Juga: Cupu Manik Astagina Radar dina Pawayangan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x