Keris Mpu Gandring jeung Keris Mergopati, Ngalantarankeun nu Bogana Telenges

- 9 Desember 2023, 16:14 WIB
Salasahiji bentuk keris (ilustrasi)
Salasahiji bentuk keris (ilustrasi) /Nanang/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Keris keur urang Jawa lain saukur  karya seni. Mpu, sebutan keur nu sok nyieunan keris  mampuh nyiptakeun keris  nu mibanda maunat atawa ceuk urang Jawa mah tuah sarta mangaruhan pisan  ka nu mibandana,

Contona keris meunang nyieun Mpu Gandring. Waktu dicokot ku nu pesenna, Kén Arok, kerisna  tina fisikna masih kasar, tacan dilemesan jeung tacan disipuh. Atuh tina  jihad kabatinanana tacan dilemesan  masih mancerkeun aura panas.

Para ahli keris nganggap keris jieunan Mpu Gandring  mawa bencana, menta wae korban jiwa. Mpu Gandring tilar keris jieunana sorangan, dipateni ku Ken Arok. Korban sejenna: Akuwu Tunggul Ametung, Tumenggung Kebo Ijo, Ken Arok atawa Rajasa, Prajurid, Anusapati jeung Tohjaya.

Baca Juga: Keris Naga Siluman jeung Keris Setan Kobar, Keris ti Tatar Sunda  Masih Diteteangan ku Kolektor Keris Pusaka

Sanggeus menta korban tujuh urang, keris Mpu Gandring ngereles, duka ka mana jeung duka ayana di mana. Tepi ka danget ieu tacan kapuluruh. Ceuk sakaol keris Mpu Gandring masih keneh aya,  ngan taya saurangoge nu apeleun.

Ceuk sakaol keris Mpu Gandring tepi ka ayeuna masih mawa bencana. Tina kituna bangsa  urang mindeng kajadian banjir getih. Geus puguh ari di jaman karajaan mah, sanggeus nagara urang merdeka oge apan kajadian baruntakna PKI taun 1948 jeung  taun 1965.

Beusi Kumbayana

Jaman Mataram, jaman Amangkurat 1,  oge kungsi muncul  keris  nu pikagigiseun kawas keris Mpu Gandring, ngaranna  keris Margopati. Dijieun tina meteor nu ragrag di Désa Mijén, ninggang hiji imah.

Batu meteorna teh henteu gede ngan ngalantarankeun imah nu katinggangna ancur burakrakan. Anu nyicinganana, tujuh urang palastra saharita keneh.

Baca Juga: Lawang Bledheg Masjid Agung Demak Jawa Tengah

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah