GALURA.CO.ID -Kaayaan alam wewengkon Karajaan Sunda Galuh nu rentul ku gunung jeung pasir, ngalantarankeun masarakatna tatanen di huma atawa ngahuma. Sababaraha naskah buhun nembreskeun masarakat Sunda mah dina tatanen teh ngahuma.
Di Sunda, sawah geus dipiwanoh jauh samemeh kapangaruhan ku mataram Sultan Agung, ngan nu nyawah jaman Karajaan Sunda Galuh saeutik pisan.
Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK), salasahiji naskah nu ngagambarkeun kahirupan masarakat Sunda abad ka-16 di antarana medar sababaraha profesi masarakat Sunda. Di antarana pangalasan, ngahuma, tukang sadap, nyawah, tukang ngala lauk, palika (tukang teuleum) jeung sajabana.
Baca Juga: Makam Eyang Gajah Mekar di Kabupaten Bandung, anu Jaroh Saban Poe ti Peuting tepi ka Beurang
Eusi prasasti Sanghyang Tapak II, prasasti Kawali, prasasti Batu Tulis, jeung prasasti Huludayeuh nembongkeun ekosistem pahumahaan jeung pasawahan. Naskah Carita Parahyangan disabit ngeunaan istilah-istilah nu nuduhkeun pagawean di huma.
Disebutkeun lahirna titisan Panca Kusika: Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, jeung Sang Wretikandajun.
Masing-masing titisan mibanda profesina sewang-sewangan. “…Sang Mangukuhan njieun maneh pa(ng)huma, Sang Karungkalah njieun maneh panggerek, Sang Katu(ng)maralah njieun maneh panjadap, Sang Sandanggreba njieun maneh padagang”. Panggerek hartina tukang moro, panyadap hartina tukang sadap.
Dina SSK oge disebutkeun pakakas nu biasa dipake di huma: kujang, patik, kored, baliung, jeung sadap, maksudna peso paranti nyadap, paranti ngeureuit leungeun kawung. Leuwihna ti eta, SSK ngagariskeun ugeran atawa kriteria dina soal karaharjaan nu teu jauh jeung tina pacabakan tatanen di huma.
… Ini pakeun urang ngretakeun bumi lamba, caang jalan, panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan. Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi, paranje kaeusi, huma kaomean, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowe waras …