Ngarah Pikasieuneun, Memeh Dipake Topeng Bebegig Sukamantri Ciamis, Sapeuting Ditunda di Pajaratan

- 11 November 2023, 17:01 WIB
Upung, kepala desa manten Sukamantri, nyebutkeun topeng Bebegig Sukamantri bareto mah memeh dipake sok ditunda heula sapeuting di pajaratan.
Upung, kepala desa manten Sukamantri, nyebutkeun topeng Bebegig Sukamantri bareto mah memeh dipake sok ditunda heula sapeuting di pajaratan. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –“Kapungkur mah topeng Bebegig Sukamantri sareng aseosrisna sateuacan dianggo sok ditunda heula di pajaratan,” ceuk Upung, kepala desa manten Sukamantri, Kecamatan Ciamis, Jawa Barat. Tujuanana ngarah Bebegig Sukamantri leuwih boga simaan jeung leuwih dipikasieuneun.

Upung nyebutkeun bareto mah topeng Bebegig Sukamantri teh dijieun tina bahbir, bagian tangkal kai nu pangluarna, bentukna basajan. Di Caamis bahbir loba di panggaragajian. Bahbir biasana dipake suluh, teu payu dijual. Ku tukang ngagaragaji oge diempekeun mun aya butuheun teh.

Topeng Bebegig Sukamantri bareto mah dijieun ngadadak, pisababarahapoeeun deui kana agustusan, mieling proklamasai kamerdekaan RI, 17 Agustus. Dicet ku warna beureum, hideung jeung hejo. Bentukna basajan. Asesorisna mah ti baheula oge angger: bubuay jeung daun waregu, sarta injuk.

Baca Juga: Kasang Tukang Bebegig Sukamantri Ciamis Midang dina Kirab Budaya Majalengka sarta Dingaranan Buta Arega

Sangkan leuwih pikasieuneun, pisapoeeun deui kana dipake, ti sareupna topeng Bebegig Sukamantri jeung aseorisna ditunda di kuburan atawa dipajaratan. Digantungkeun dina dahan samboja atawa tangkal kai. Mun samboja jeung tangka kaina kurang, ngahaja nyieun patok tina kai nu jangkung satangtung jalma.

Di Priangan, kaasup di Kabupaten Ciamis, tempat kuburan umum atawa pajaratanana kaayaanana pikakeueungeun. Ti sareupna mula arang  nu wanieun ngalanto sosorangan ka pajaratan.

Isukna sanggeus solat subuh, anu rek make topeng Bebegig Sukamantri daratang ka pajaratan, muru topeng Bebegig Sukamantri jeung asesorisna sewing-sewangan. Diparake bari silibantuan, lantaran masang asesoris teh lain pagawean gampang.

Pawang Bebegig Sukamantri

Ceuk Upung bareto mah bebegig Sukamantri teh aya pawangna. Memeh marake topeng Bebegig Sukamantri jeung asesorisna ngariung heula. Ku pawang nu rek marake Bebegig Sukamantri diparancahan sangkat kuat, jeung babakuna mah leuwih mibanda sima.

Nu marake Bebegig Sukamantri, ceuk Upung, henteu milu upacara bandera 17 Agustus. Kalaluarna teh sabada upacara bendera lekasan. Ngahaja sangkan henteu ngabarubahkeun.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah