Ngaran Anak Sasatoan dina Bahasa Sunda

- 5 November 2023, 06:00 WIB
Anak ucing dina bahasa Sunda ngaranna bilatung.
Anak ucing dina bahasa Sunda ngaranna bilatung. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Di Sunda, anak sasatoan mibanda ngaran, lain ukur disebut anak munding, anak ucing, anak hayam, jeung sajabana. Ieu nandakeun kabeungharan atawa kosa kata bahasa Sunda. Ngara-ngaran anak sasatoan nembongkeun bahasa Sunda teh bahasa rasa lain ukur kecap, Bahasa rasa, tembres upamana dina kecap clom giriwil.

Clom giriwil moal bisa ditarjamaahkeun kana bahasa naon wae oge. Clom giriwil dipake keur nu nguseup siringan atawa bangenan. Karek oge useup nu make eupan dialungkeun kana cai, langsung disanggut, sarta laukna beunang.

Ngaran-ngaran anak-anak sasatoan oge dina budaya, deukeut-deukeut kana bahasa rasa. Malah nembongkeun sasatoanana geus deukeut atawa geus dipikawoh, najan henteu diingu oge. Maung contona apan teu bisa diingu kitu wae, tapi maung keur urang Sunda geus loma pisan, malah deukeut jeung kahirupan urang Sunda.

Baca Juga: Makam di Sisi Jalan Cinangka Kabupaten Purwakarta, Ceuk Warga: Pokalna Bu Lurah

Di handap ieu ngaran anak sasatoan

1. Anak anjing: kirik
2. Anak bagong: bedul
3. Anak bangkong: buruy
4. Anak banteng: bangkanang
5. Anak belut: kuntit
6. Akan bogo: cingok
7. Anak buhaya: bocokok
8. Anak cakcak: sawiyah
9. Anak embe: Ceme
10. Anak gajah: menel
11. Anak hayam: pitik
12. Anak japati: piyik
13. Anak keuyeup: bonceret
14. Anak kuda: belo
15. Anak kukupu: hileud
16. Anak kutu: kuar
17. Anak lauk bandeng: nener
18. Anak lauk emas: burayak
19. Anak lele: jejerendel/nanahaon
20. Anak merak: maruteng
21. Anak meri: itit
22. Anak maung: juag/aom
23. Anak monyet: begog
24. Anak munding: eneng
25. Anak papatong: kini-kini
26. Anak reungit: utek-utek
27. Anak sapi: pedet
28. Anak ucing: bilatung.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah