Harta Karun di Muara Ci Keruh Tegalluar Kabupaten Bandung: Cacing Sutra

- 16 Oktober 2023, 19:00 WIB
Di Ci Keruh, lebah ngamuarana di Tegalluar Kabupaten  Bandung rea cacing sutra nu hargana mahal.
Di Ci Keruh, lebah ngamuarana di Tegalluar Kabupaten Bandung rea cacing sutra nu hargana mahal. /Emha/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ci Keruh, walungan nu ngaliwatan paimahan gegek jeung pabrik  badag keumeuhna geus parna. Ngan lebah muarana ka Ci Tarum di Tegalluar ngandung harta karun: cacing sutra nu matak nguntungkeun.

Ci  Keruh teh, salasahiji ti antara ratusan anak Ci Tarum nu kaayaanana nunjang ngulon. Huluna di wewengkon Cikeruh Sumedang, nu matak disebut Ci Keruh. Di dieu keruh lain dina basa Indonesia nu dina basa Sundana mah kiruh, najan dina usum hujan caina kiruh. Tapi ngaruju kana ngaran tempat.

Ngamuarana di Ci Tarum di wewengkon bawahan Tegalluar.  Teu beda jeung indungna nu keur dirawat ku pamarentah lantaran gering parna, Cikeruh ge nyakitu ngilu tiktikbrek. Caina keumeuh, komo sanggeus ngaliwat ka Rancaekek, sarta unggal usum hujan sok ngabalukarkeun banjir, kaasup di Jatinangor.

Baca Juga: Babarit, Hajat Tujuh Bulan Kakandungan, Ngara Utun Inji Mulus Rahayu

Taun 1970-1990-an mah Ci Keruh nu ngaliwat ka dua kabupaten: Kabupaten Sumedang jeung Kabupaten Bandung teh jadi sumber kahirupan warga. Caina herang keneh, ngagenyas. Di sisina pinuh ku tangkal awi da harita mah tacan loba pamukiman. Jalanna jalan satapak  nu mun usum hujan mah laleueur.

Jaman harita ku masarakat cai Cikeruh dimangpaatkan keur nyeuseuh, mandi, jeung kukumbah. Anu ngadon nguseup oge rea, barudak loba nu ngarojay. Ti sisi-sisi gawir loba kaluar cinyusu ditandean ku lodong atawa ember dibawa ka imah keur kaperluan masak jeung nginum. Unggal isuk-isuk jeung sore warga ngabring ka Ci Keruh.

Sanggeus loba pamukiman jeung pabrik, papanjangna Ci Keruh geus kakeumeuhan, boh ti pabrik boh ti paimahan. Runtah plastik nalambru. Walunganana oge ngadeetan, sadimentasina gancang pisan lantaran sisi-sisina geus pinuh ku paimahan jeung pabrik. Mun usum halodo caina ngoletrak jeung hideung.

Sajatina nu rumawat mah lain manusa, nya Nu Murbeng Alam Robb manusa jeung alamna. Mahluk Ci Keruh tanggelan manusa mun hanteu mah ampir carem, balukar golokgokan limbah industri jeung dungkaran normalisasi welasan taun ka tukang, ujug-ujug ngamunculkeun harta karun nu teu disangka-sangka.

Baca Juga: Belut Dipikaresep ku Urang Ciamis, Obat Maag, Halalna Dumasar Fatwa Syekh Nawawi Al Bantani

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah