Belut Dipikaresep ku Urang Ciamis, Obat Maag, Halalna Dumasar Fatwa Syekh Nawawi Al Bantani

- 12 Oktober 2023, 18:59 WIB
Belut nu hidrupna dina letak, dipikaresep ku urang Ciamis, kungsi jadi paguneman  halal haramna, fatwana dikaluarkeunku Syekh Nawawi Al Bantani.
Belut nu hidrupna dina letak, dipikaresep ku urang Ciamis, kungsi jadi paguneman halal haramna, fatwana dikaluarkeunku Syekh Nawawi Al Bantani. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anu ngaranna belut aya wawangsalan 'lauk panjang, oray ngalulut di jero luluk'. Hususna di Priangan, kaasup di Ciamis, belut teu kurang-kurang pada mikaresep. Malah geus jadi kacapangan panineungan mangsa keur bolon di pilemburan nu wewengkonna saincak-incak sawah, ngureuk belut sangges sawahna ditanduran.

Habitat belut mah ayana dina leutak atawa luluk nu aya caian. Ngurek dina tampingan galeng sawah teh meh ampir kaalaman ku barudak. Sok sanajan, teu saeutik nu dewasa oge ngahajakeun ngurek.

Keur lelewek nu maneuh kakeueum caah atawa banjir, geus ngabaku barudakna moro belut mangsa cai macak-macak nuuskeun, maju ka halodo. Cara ngalana rupa-rupa, aya nu langsung dikodok, dikukuy, diurek, diobor atawa pangpraktisna mah diposong.

Naheunkeun posong ti peuting, bisa bada Isya, bisa oge tengah peuting. Diludangna atawa dibanyatkeunana wanci rumangsang, isukna. Belut anu kataheun mangsa surud caah rata-rata belut jarami. Disebut belut jarami ku lantaran ukuranana sagede jarami lintuh ised saeutik tina ukuran cacing kalung atawa cacing sondari bari warna kulitna koneng enay.

Baca Juga: Peuyeum Kroto ti Ciluncat Ciamis, Dijieunna Teu Sagawayah, Tilu Poe Samemeh Jumaah Kaliwon

Ngolah belut kacida entengna. Ari ngurek ngahaja mekel uyah jeung korek api. Sacatna tina pangurekkan, langsung we belut teh sok dikurusuk dina durukan jarami garing asakna kirakira geus tutung.

Halalna belut

Halalna lauk belut teh saenggeus aya fatwa halal ti hiji ulama jumhur nu kakoncara sakuliah dunya, teureuh Banten: Syekh Nawawi Al Bantani (lahir 1813 M). Anjeunna pisan anu unggul dina adu renyom jeung para ulama jazirah Arab ngeunaan halalna belut kalawan nyokot hukum qiyas kana bangsaning lauk cai.

Asalna mah taya anu wani ngonsumsi belut, saperkara gila lantaran ampir sarua jeung oray, kadua perkara mah can puguh halal-haramna. Dina panungtung adu argumen, Syekh Nawawi tepi ka mawa atawa nembongkeun wujud belut sacara asli dina kayaan hirup ka hareupeun majelis ulama harita.

Baca Juga: Pare Pandanwangi Kareueus Urang Cianjur Asalna ti Tasikmalaya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah