Ngarasionalkeun Nyangku, Panjang Jimat jeung Jamasan, Ngarumat Pusaka kudu Make Teknologi

- 3 Oktober 2023, 11:55 WIB
 Ngarumat barang pusaka, saperti keris, teu kudu pengkuh kana tradisi. Nyangku, Panjang JImat, Jamasan kudu make teknologi.
Ngarumat barang pusaka, saperti keris, teu kudu pengkuh kana tradisi. Nyangku, Panjang JImat, Jamasan kudu make teknologi. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Duka kumaha mimitina unggal bulan Mulud karaton-karaton di urang sok ngayakeun ritual meresihan barang-barang pusaka titinggal karuhunna. Kitu deui masarakat nu boga barang pusaka. Ritualna teh di Panjalu disebut Nyangku, di Cirebon: Panjang Jimat jeung di Ciamis: Jamasan.

Aya nu nyebutkeun meresihan pusaka  téh silib, siloka, nu ngelingan urang ulah mopohokeun sejarah, ulah mopohokeun karuhun, ulah mopohokeun jasa luluhur. Titinggal karuhun ulah tepi leungit atawa ruksak.

Dina meresihan barang pusaka, masih tetep maké tata cara heubeul; Maké cai kembang, dicampuran ku cai duwegan, terus kosok  jeruk atawa calingcing. Ti dinya dideangkeun dina haseup menyan.

Baca Juga: Pare Pandanwangi Kareueus Urang Cianjur Asalna ti Tasikmalaya

Sanggeus garing, dibulen ku lamak bodas. Ti dinya diteundeun deui dina tempatna.Hasil tina meresihan ku cara kieu, barang-barang nu aya di museum Karaton Kasepuhan jeung Kanoman upamana tétéla réa nu geus ruksak.

Di antarana waditra nu dijieun ku Sunan Bonang geus karook ku taihiang. Kitu deui barang pusaka di Bumi Alit Panjalu Ciamis, beuki ngipisan lantaran béak alatan ku karat.

Ceuk para ahli meresihan barang tina beusi kudu maké zat asam. Cai jeruk, calingcing mémang kaasup zat asam, ngan zat asam lemah. Éta sababna kurang mampuh nyegah karat. Sangkan hasilna maksimal, kudu maké asam kuat, air raksa, upamana,.

Pangaweruh soal zat asam karuhun urang henteu tepi ka entragan saterusna, kaasup entragan ayeuna. Baheula mah tacan kapanggih nu disebut zat kimia, nu matak dibersihan ku cai duwegan, dikosok ku calingcuing atawa jeruk.

Baca Juga: Salasahiji Kadaharan dina Gebyar Budaya Lesehan Desa Nagarapageuh Ciamis: Omen, Olahan tina Sampeu

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah