Makam di Sisi Jalan Cinangka Kabupaten Purwakarta, Ceuk Warga: Pokalna Bu Lurah

- 21 Oktober 2023, 07:35 WIB
Makam anyar di sisi jalan Cinangka Kecamatan Bungursari Kabupaten Purwakarta, pokalna Kepala Desa Cinangka, sangkan taya nu miceun runtah di dinya.
Makam anyar di sisi jalan Cinangka Kecamatan Bungursari Kabupaten Purwakarta, pokalna Kepala Desa Cinangka, sangkan taya nu miceun runtah di dinya. /Nanang S/galura.co.id

Makam anyar di sisi Jalan Cinangka, Kecamatan Bungursari, Kabupaten Purwakarta, Pokalna Kepala Desa Cinangka, sangkan taya nu miceun runtah di dinya.
Makam anyar di sisi Jalan Cinangka, Kecamatan Bungursari, Kabupaten Purwakarta, Pokalna Kepala Desa Cinangka, sangkan taya nu miceun runtah di dinya. galura.co.id

GALURA.CO.ID -Eta makam, jumlahna lima, nu gede tilu nu leutik dua,  teh pernah di sisi jalan Cinangka, gigireun Kawasan Hutan dengan Tujuan Khusus (KHDTK). Jalanna pagigir jeung Jalan Tol Cikampek. Ti panto tol Cikopo mah kurang leuwih 700 meteran.

Makamna teh makam anyar, kaciri taneuhna masih beureum. "Kirang langkung samingguan," ceuk Hodijah, urang Cinangka nu muka warung di sisi Jalan Cinangka, deukeut pertelon jalan nagara Cikampek-Purwakarta.

Saha nu dimakamkeun di dinya? Naha di Cinangka kakurangan pajaratan umum atawa nu dikubur di dinya teu bogaeun waragad? "Pokalna Bu Lurah aya makam di dinya teh," ceuk Hodijah bari seuri. Lurah atawa Kepala Desa Cinangka, Kecamatan Bungursari, Kabupaten Purwakarta, teh ngaranna Bu Ida.

Baca Juga: Oleh-Oleh ti Wewengkon Banjir Dage Lakek ti Kabupaten Bandung, Ujar Asam Urat

Hodijah nyebutkeun Bu Ida jeung warga Cinangka rudeteun jeung keuheuleun pedah di dinya loba wae nu miceun runtah. Padahal unggal poe diangkut patugas, geus beresih isukna loba deui runtah, lolobana nu miceun runtahna teh ti peuting atawa bari ngaliwat dialungkeun.

Padahal di lebah dinya geus dipasangan spanduk nu tulisanana: Hanya Binatang yang Membuang Sampah di Sini, Ya Allah Celakanlah Orang yang Membuang Sampah di Sepanjang Tempat ini. 

Spandukna diembohan ku tulisan nu miceun runtah di dinya, didengar Rp1 juta. Malah disaembarakeun sing saha wae nu bisa nyerek nu miceun runtah di dinya sarta dibawa ka Kantor Desa Cinangka bakal dibutuhan Rp500 ribu.

Ku sabab tetep wae loba nu miceun runtah di dinya, Bu Ida nyieun kuburan di dinya. "Teu aya nu dikurebkeun di dinya. Makam teh kanggo nyingsieunan nu sok miceun runtah di dinya," ceuk Hodijah.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x