Oleh-Oleh ti Wewengkon Banjir 'Dage Lakek' ti Kabupaten Bandung, Ujar Asam Urat

- 20 Oktober 2023, 07:42 WIB
Di gili-gili sok loba tangkal cangkring, kembangna sok dijieun dage nu disebut lakek, cenah ubar asam urat.
Di gili-gili sok loba tangkal cangkring, kembangna sok dijieun dage nu disebut lakek, cenah ubar asam urat. /Emha/galura.co.id

GALUR.CO.ID -Ceuk wawangsalan tukang morog mah kieu: Kembang cangkring patingpurungkut-kolopakna bet ngaleklek, ngabedega carucukan-nangkring bantareun wahangan.

Nu kahiji eusina lakek, nu kadua eusina tangkal cangkring. Ieu mah pamangkatan kalimah dumeh nu deuk dicaturna kembang cangkring.

Teuing ti iraha mimitina, mun kembang cangkring nu can mangkak jadi kadaharan deungeun sangu urang Sunda, hususna anu imahna di sabudeureun caah, nu mindeng kakeueum ku cai, ari usum hujan. Kembang cangkring teu eleh ku angeun turubuk, angeun iwung, sayur humut jeung cobek jantung cau manggala.

Tangkal cangkring hirupna loma jeung bantar (gili-gili) walungan gede, nyobat jeung tangkal waru katut dapuran haur. Bisa dipastikeun mun tugasna teh ngawewegan taneuh gawir, maseuk lahan tampingan.

Cangkring nu geus kawak, umur puluhan taun mah komo matak sentar anu rek nuar matak ginggiapeun sakur nu ngaliwat.

Sanget jeung ATM

Keur badag jeung kaceluk sanget teh deuih rimbil ku pakarang wangun cucuk. Munasabah hirupna awet, alatan arang kaganggu jeung lain kakayon anu pantes dipake bahab bangunan.

Tangkal cangkring kembanganana sataun sakali, utama mangsa lolongkrang geus banjir alias mangsa nuuskeun ruruntuk caah.

Sanajan bijil kembangna sakali dina sataun, ari lebah mupuna mah bisa ditilu-opat kalikeun. Ngolah kembang cangkring teu beda ti ngolah lalab rumbah lianna.

Tapi ari mimindengna mah didage bae samodel dage tahu atawa dage buncis. Ka dieunakeun, sanggeus dage lakek (kembang cangkring) payu di pasaran, posisina unggah sababaraha darajat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah