Cimanuk Kuring, Walungan nu Ngabagjakeun

- 4 Januari 2024, 19:45 WIB
Walungan Cimanuk.
Walungan Cimanuk. /

GALURA.CO.ID -Saenyana Cimanuk kaasup walungan nu bagja jeung ngabagjakeun balarěa. Ti mimiti pangeusi pilemburan nu darumuk di wewengkon sabudeureunana, nepi ka nu daratang ngadon arulin ka dinya. Hayang ngararasakeun kaendahan eta walungan nu huluwotanana di Gunung Papandayan.

Ngamuarana di ka Laut Jawa, basisir kaler, nu kaasup ka wewengkon Kabupaten Indramayu, sanggeus ngaliwatan Kabupatěn Garut, Sumedang, jeung Kabupaten Majalengka. Ci Manuk teh walungan kadua pangpanjangna di Jawa Barat, sanggeus Ci Tarum nu ngamuara ka basisir kaler meneran wewengkon Karawang.

Max Dauthendey (1867-1918), hiji bujangga Jerman, nulis dua sajak nu dititimangsaan “Garut, 1915”.  Sajakna teh  “An děn Cikuray” (Keur Cikuray) jeung “Unter děn Groussen Warringinbaum” (Handapeun Iuh-Iuh Tangkal Caringin). Cenah mah, Dauthendey nulis ěta sajak, basa mapay-mapay Cimanuk běh tonggoh.

Baca Juga: Ramat Lancah Gedena ukur Sapersarebu milimeter, Kakuatanna Leuwih ti Waja

Di lěngkob Gunung Cikuray nu paeunteung-eunteung jeung Gunung Papandayan beulah kidul, pangpalidan cai Ci Manuk nu caněbrang hěrang, sakapeung tarik. Sakapeung ngulibek kendor dina leuwi-leuwi pangliwatanana. Leuwi-leuwi anu jadi tempat imahna lauk, lauk has Ci Manuk nu moal aya di Walungan sejen.

Leuwi-leuwi bieu  tempat baranahan rupa-rupa lauk linghas asli Ci Manuk. Kayaning  kancra, jongjolong, gěnggěhěk, soro, balar, lalawak, sěnggal, arělot, keting, jeung sajabana.Ngondang kapanasaran tukang nguseup sajati, nu narah nguseup di balong, komo di balong nu disadiakeun keur kalangenan mah.      

Atuh tatangkalan ogě, tumuwuh subur. Rajeg sapanjang sisi-sisina, boh nu datar boh nu lamping. Ti mimiti tangkal   gehgersorě, secang, kopo, geureudog,awi, nepi ka kiara, bungur, ki hujan, caringin, jeung rea-rea deuiu jarangkung ngalanglaung. Panonoban sasatoan bangsaning manuk, careuh,oray, sěro, monyět, peusing, jeung sajabana.

Cindekna mah Cimanuk teh beurat beunghar ku flora, tutuwuhamn jeung fauna, sasatoan. Karasa mangpaatna ku sakur pangeusi kampung katut děsa, nu gegek ti běh tonggoh nepi ka  hilir. Boh pikeun sumber kasab sapopoě, boh pikeun sumber kabeungharan budaya lokal nu mekar ti mangsa ka mangsa.                                   

Kawih Cimanuk Pucung

Hiji kawih dina pupuh Pucung, mindeng dihaleuangkeun ku barudak murid “Sakola Rayat” (SR) taun 1950-an. Ngagambarkeun kasuka ngala lauk make lintar (kecrik badag), nu němbongkeun kalayeut kadeudeuh manusa jeung alam lingkungananana. Kawih nu matak ti belat nu kungsi deukeut jeung Cimanuk:

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x