Ngungkab Misteri Rawa Onom jeung Pulo Majeti di Kota Banjar Jawa Barat

- 18 Desember 2023, 20:00 WIB
Pulo Majeti di Kampung SilumanKelurahan Purwaharja, Kecamatan Purwaharja, Kota Banjar, Jawa Barat.
Pulo Majeti di Kampung SilumanKelurahan Purwaharja, Kecamatan Purwaharja, Kota Banjar, Jawa Barat. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Selamat Datang di Kampung Siluman. Kitu unina tulisan di sisi Jalan Kota Banjar-Bangunharja, kurang leuwih sakilometer kalereun Kota Banjar. Paeunteung-eunteung jeung Selamat Datang aya plang deui nu tulisanana Rawa Onom jeung Pulo Majeti. Dua plang bieu teh minangka lawang saketeng ka Kampung Siluman.

Di Kampung Siluman ayana Rawa Onom jeung Pulo Majeti teh. Pangeusi Kampung Siluman lain bangsa siluman, tapi kampung biasa, saperti pakampungan sejenna, dicatet dina admimitrasi pamarentahan. Tadina Kampung Siluman jeung Rawa Onom katut Pulo Majeti asup ka wilayah Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis

Sabada Banjar jadi daerah otonom, 21 Februari 2003, Kampung Siluman asup ka wilayah Kota Banjar, di Kelurahan Purwaharja, Kecamatan Purwaharja. Beulah kalerna ngatapel wates jeung Desa Bangunharja, Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis, sarta ka kalerna deui ka Desa Tambaksari, Kabupaten Ciamis.

Baca Juga: Teu Meunang Nanggap Kasenian nu Ngalalakon Di Wilayah Budaya Cariu Ciamis

Di ieu wewengkon lega pisan kebon jatina, parat tepi ka Desa Bangunharja. Kawantu keur usum halodo daunna marugulan, atuh leuweung jati nu cangking ku Perhutani teh teu tembong hejo lembok. Kaayaan leuwih hejo sabada asup ka wilayah Desa Bangunharja kawantu wewengkonna pagunungan.

Ti lawang saketeng Kampung Siluman, jalanna mudun. Kenca katuhuna kebon tangkal jati nu geus baradag. Beak pudunan manggih imah jeung masjid. Kenca katuhu lain kebon jati tapi pasawahan. Beulah kaler lapat-lapat situ di tengah sawah, eta nu disebut Rawa Ono. Ari Pulo Majeti  mah rada jauh ti Rawa Onom, di sisi jalan.

Dina usum halodo mah ukur ngaranna make pulo, lantaran henteu luhureun situ. Kuncen Pulo Majeti, Yoyo Heryana nu padumukanana di teu jauh ti Pulo Majeti, di Rt35 Rw18 Kampung Siluman Blok Pulo Majeti nyebutkeun ayeuna Pulo Majeti geus ngaheureutan. “Bareto mah, basa kuring keur leutik, ngabuburit teh leumpang ngurilingan Pulo Majeti,” pokna.

Harita leumpang ngurilingan Pulo Majeti meakkeun waktu sajam leuwih, bisa dipake keur ngabuburit. Legana pisan jaman Yoyo keur budak mah. Ari ayeuna? “Ayeuna mah memenitan,” tembal Yoyo bari seuri. Kiwari mah Pulo Majeti alatan lahanna dikedukan dijieun pasawahan, gedena meh teu beda jeung hunyur  nu aya di tengah sawah.

Baca Juga: Keris Mpu Gandring jeung Keris Mergopati, Ngalantarankeun nu Bogana Telenges

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x