Hawu,  Bagbaganana jeung Hasiatna keur Ubar

- 27 November 2023, 14:39 WIB
HAWU  lain ukur keur barang asakan, naheur cai, tapi oge multi fungsi: keur meuleum, mais, ngabubuy, jeung manggang. Leuwihna ti eta, tina hawu oge aya nu bisa dipake ubar boh diinum boh nu ngan ukur diantelkeun kana awak.
HAWU lain ukur keur barang asakan, naheur cai, tapi oge multi fungsi: keur meuleum, mais, ngabubuy, jeung manggang. Leuwihna ti eta, tina hawu oge aya nu bisa dipake ubar boh diinum boh nu ngan ukur diantelkeun kana awak. /Evie/

GALURA.CO.ID -Hawu mibanda bagbaganana sarta mibanda ngaran jeung fungsina. Hawu oge  lain keur barang asakan. Tina hawu aya nu bisa dipake ubar, boh keur kasakit lahir boh keur kasakit batin.

Hawu asalna tina kecap awu (basa Jawa), hartina abu dina basa Indonesia, ari basa Sundana mah disebut lebu. Naha disebut awu atawa hawu? Bisa jadi mun tas mirun seuneu, dina liang hawu sok aya lebuan. Malah kudu dikeduk ngarah lebuna teu minuhan liang hawu. Mun hawu geus pinuh ku lebu ngalantarankeun seuneu hurungna teu hade.

Hawu dijieun tina taneuh anu geus diliket-liket siga adonan batu bata. Ngaliliketna sok dicampuran ku cai tina daun wera nu digaley. Tempat nyieun hawu bisa di buruan lebahna rada deukeut ka dapur ngarah engké ari geus garing teu jauh teuing ngagotongna. Atawa di tempatna hawu nagog gédéngeun hawa heubeul nu geus sarempak barocék gantieun.

Baca Juga: Pangna Gamelan Sekatén Cirebon  Ditabeuhna Sataun Dua Kali

Wanda Hawu

Di Sunda aya sabaraha wanda hawu: hawu anu basajan jeung hawu nu dijieunna tina gerabah. Hawu anu basajan mah dijieunna tina bata nu ditumpukeun kitu wae henteu dilapisan ku taneuh atawa ku adukan semen. Ku kituna, hawu nu modél kieu biasana tara kuat sarta babari burakrakan saupama kadupak.

Hawu anu kadua, wangunna sarupa jeung hawu nu basajan tapi miboga dua liang pikeun tempat masakna ngajajar ka tukang atawa ka gigir. Hawu dilapisan ku taneuh liat sangkan teu babari runtuh jeung  teu babari burakrakan. Beh dieu aya nu dilapisan ku semen luar, ngarah leuwih kuat, teu babari runtuh.

Beh dieu aya hawu nu dijieun kawas nyieun gerabah. Teu make bata, jeung rada ipis. Bahan keur nyieunna taneuh liket saperti keur nyieun gerabah. Terus sanggeus ngabentuk dibeuleum dina ruhak huut badag, kawas meuleum kenteang. Sanggeus jadi, taneuhna saperti kenteng, kuat, teu gampang peupeus.

Hawu oge ayeuna mah teu ngan ukur midang di dapur nu harideung alatan kapuput haseup, tapi bisa midang nu dapur imah gedong. Bentukna teu saperti hawu umumna. Jeung deui dijieunna henteu dina taneuh tapi dina tempat nu jangkungna satengah meteran. Luhureunana aya cerobong keur kaluar haseup.

Bagean-bagean hawu

Dina hawu, hawu tradisional, lain hawu gerbah atawa hawu nu bentukna teu siga hawu di imah gedong, aya sababaraha bagéan: tarang hawu, pipir hawu, liang hawu jeung jero hawu. Tarang hawu, luhureun liang tempat ngasupkeun suluh, jadi di hareup, panghareupna, nu matak disebut tarang hawu dipapandekeun jeung tarang jalma. 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah