Diistrenana 5.741.127 anggota KPPS Pemilu 2024 sa-Indonesia Asup Rekor MURI

- 25 Januari 2024, 16:15 WIB
27.489 Patugas KPPS di Majalengka diistrenan, tempatna di Islamic Centre, Kemis (25/1/24).
27.489 Patugas KPPS di Majalengka diistrenan, tempatna di Islamic Centre, Kemis (25/1/24). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Lobana 5.741.127 urang patugas Kelompok Penyelenggara Pemungutan Suara (KPPS) Pemilihan Umum (Pemilu) keur 820.161 TPS di Indonesia diistrenan bareng, Kemis (25/01/2024). Ngistrenan KPPS  dilaksanakeun di masing-masing sekretariat PPS.

Ketua KPU RI, Hasyim Asy'ari, dina sambutanana  netelakeun ngistrenan KPPS sa-Indonesia nampa pangajen ti Museum Rekor Dunia Indonesia (MURI) keur tilu kategori rekor.

Eta kategori teh: ngistrenan bareng anggota panyalagra pemilu panglobana, bimbingan teknis sacara serentak ka anggota anggota panyalagra pemilu panglobana, sarta penanaman bibit tatangkalan panglobana sacara serentak ku anggota panyalagra pemilu panglobana.

Baca Juga: Mapag Pemilu 2024, Disdukcapil Kabupaten Majalengka Ngantekan Nyieun KTP keur Rumaja nu Geus Boga Hak Pilih

“Janten tilu kategori nu dicangking ku KPU RI,” ceuk Hasyim.

Di Majalengka 

Di Kabupaten Majalengka, 27.489 patugas KPPS oge diistrenan poe Kemis, (25/1/24) bareng jeung diistrenana patugas KPPS sakuliah Indonesia.

Husus keur anggota KPPS Kecamatan Majalengka diistrenan di Gedong Islamic Centre. Jalan Siti Armilah. KPPS di kecamatan diistrenan di masing-masing wewengngkonna.

“Nu diistrenan di Islamic Centre teh Kecamatan Majalengka wae, tapi di kecamatan lianna oge ngalaksankeun kagiatan nu sarua,” ceuk Ketua KPU Majalengka, Teguh Fajar Putra Utama.

Rengse diistrenan patugas KPPS langsung melak tatangkalan di wilayah  TPS  masing-masing.*** Ayank R Sambara 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x