Mapag Pemilu 2024, Disdukcapil Kabupaten Majalengka Ngantekan Nyieun KTP keur Rumaja nu Geus Boga Hak Pilih

- 22 Januari 2024, 16:00 WIB
Siswa SMAN Cikijing Majalengka keur nyieun KTP sangkan bisa ngagunakeun hak pilihna dina Pemilu 2024.
Siswa SMAN Cikijing Majalengka keur nyieun KTP sangkan bisa ngagunakeun hak pilihna dina Pemilu 2024. /Ayank /galura.co.id


GALURA.CO.ID -Dinas Kependudukan dan Pencatatan Sipil (Disdukcapil) Kabupaten Majalengka ngakselerasi dina nyieun Kartu Tanda Penduduk elektronik (KTP-el) keur nu boga hak munggran. Sasaranna rumaja jeung palajar nu umurna geus asup kana daftar pemilih.

Kepala Disdukcapil Kabupaten Majalengka, Ade Saepudin nyebutkeun KTP-el tujuanana keur ngalengkepan data Pemilu jeung Pilkada serentak 2024. Ku kituna nu geus panceg 17 taun nalika Pemilu 2024 bisa milu partisipasi.

"Total DPT Kabupaten Majalengka jumlahna 998.757 urang, 26.837 urang atawa 0,88 persen pemilih pemula," ceuk Ade, Saptu (20/01/2024 ) .

Baca Juga: Bawaslu RI: ASN, TNI, Polri, jeung Kades Kudu Netral, Kabukatian Teu Netral Dihukum

Disebutkeun Ade, kiwari tina target perekaman dumasar Data Pokok Kemendagri sajumlah 26.837 urang. Tina jumlah sakitu, tepi ka 17 JAnuari 2024 aya 14.332 urang nu geus nyieun KTP-el. Sesana 12.505 ditargetkeun rengse tepi ka 14 Februari 2024.

"Sesa kirang langkung sasasih deui, diakselerasi ku sababaraha strategi," ceuk Ade. Strateggina updating data, ngalaksanakeun perekaman jemput bola nepi ka mere pelayanan perekaman KTP-el di Disdukcapil jeung di 26 kecamatan.

"Kangge ngamaksimalkeun layanan, Disdukcapil Kabupaten Majalengka oge muka layanan dina dinten Saptu atanapi weekend service ti jam 08.00 - 13.00 WIB. Salian eta sababaraha kecamatan ka desa-desa,"ceuk Ade.

Disdukcapil oge rempug gawe jeung KCD IX Dinas Pendidikan Provinsi pikeun ngarahkeun sakumna siswa oge siswi SMA/MA/SMK nu mangrupakeun pemilih pemula nu kiwari masih umurna 16 taun keur bisa ngalaksanakeun perekaman KTP-el.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Meredih ka KPU sangkan Kreatif keur Ngaronjatkeun Partisipasi Pemilu 2024

"Di jemput bola ka sababaraha sakola SMA, SMK, MA nu aya di wewengkon Kabupaten Majalengka. Nyaketkeun layanan tiap sakola sinergi sareng kecamatan," ceuk Ade.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah