Kapolres Majalengka Mingpin Apel Pagi, keur Mapag Kasiapan Pemilu

- 17 Januari 2024, 16:10 WIB
Kapolres Majalengka mingpin Apel Pagi keur mastikeun kasigapan pulisi nyanghareupan Pemilu 14 Februari 2024.
Kapolres Majalengka mingpin Apel Pagi keur mastikeun kasigapan pulisi nyanghareupan Pemilu 14 Februari 2024. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, mingpin Apel Pagi di Lapangan Apel Mapolres Majalengka, Senen (15/1/2024). Apel diluuhan ku Wakapolres Majalengka, sakumna Pejabat Utama, Kapolsek Jajaran Polres Majalengka, Perwira, Personel, jeung ASN Polres Majalengka.

Kapolres Majalengka netelakeun pentingna kasiapan tur kawaspadaan mapag Pemilu.  Tujuanana keur mastikeun kasigapan sakumna unsur kapulisian dina nynghareupan  Pemilu.

"Kapulisian  pilar kaamanan kedah nangtoskeun kasiapan tur katartiban dina satiap tahapan Pemilu. Ayana pulisi dina hal ieu sanes mung  penegak hukum, tapi oge ngajaga rasa aman masarakat," ceuk AKBP Indra Novianto.

Baca Juga: Kasat Binmas Polres Majalengka jeung Satpam, Mieling HUT Satpam ka-43

Kapolres nyebutkeun Polres Majalengka geus ngalaksanakeun sababaraha persiapan, kaasup mere pelatihan ka personel ngeunaan tugas-tugas nu bakal dilaksanakeun salila proses Pemilu.

"Pihak kapulisian kedah siap sacara fisik tur mental. Kadisiplinan sareng koordinasi antarinstansi kedah teras dironjatkeun," ceuk Indra Novianto.

Ngaluuhanan Wakapolres Majalengka, Pejabat Utama, Kapolsek Jajaran, Perwira, Personel, dan ASN Polres Majalengka dina apel  nembongkeun sinergi jeung kesatuan dina ngalaksanakeun tugas.

"Kapulisian ngarojong kalancaran tur kasuksesan Pemilu. Hayu urang didamel kalayan pinuh integritas sareng tanggel waler," ceuk Wakapolres Majalengka.

Rengse mere arahan, Kapolres Majalengka mingpin pembacaan sapta marga satuluyna pamariksaan kasiapan personel sarta peralatan nu bakal digunakeun.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah