Bupati Bandung ngundakkeun Insentif Babinsa, Bati Tuud jeung Danramil, Dandim Meunang Hibah Pajero Sport

- 25 Januari 2024, 17:52 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngundakkeun iinsentif Babinsa , Batu Tuud jeung Danramil.
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngundakkeun iinsentif Babinsa , Batu Tuud jeung Danramil. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Mimiti taun 2024 ieu honor Babinsa jeung Bintara Tinggi Tata Usaha dan Urusan Dalam (Bati Tuud) undak. Honor Babinsa sabulanna undak jadi Rp450 ribo. Danramil jeung Wadanramil undak sabulannna jadi Rp2.100.000.

Undakna insentif  diumumkeun Bupati Bandung, Dadang Supriatna, waktu ngaresmikeun Koramil 2416, di Jalan Raya Pacet - Majalaya, Lembur Pasir Astana RT. 03/RW. 06 Desa Cipeujeuh, Kecamatan Pacet, Kabupaten Bandung, Rebo, 24 Januari 2024.

Harita ogè Dadang Supriatna sacara simbolis masrahkeun insentif pikeun 280 Babinsa jeung insentif keur 15 Komandan Rayon Militer (Danramil) kaasup Wakil Danramil, katut Bati Tuud Koramil.

Baca Juga: Ketua Fraksi Demokrat DPRD Kabupaten Bandung H. Osin Permana Leuwih Ngawanohkeun Diri

Pamasrahan insentif disaksian Komandan Korem 062 Tarumanegara Kol Arh Rudi Ragil, Dandim 0624 Letkol Inf Hamzah Budi Susanto, Kapolresta Bandung Kombes Pol Kusworo Wibowo, katut Wakil Ketua DPRD Kabupaten Bandung Wawan Ruswandi.

Ceuk Dadang Supriatna diundakeunana insentif Babinsa jeung Danramil didumasaranan pangalamanana waktu jadi Kepala Desa Tegalluar dua periode. "Ampir saban dinten Kemis komunikasi sareng kordinasi sareng Babinsa," pokna.

Dandim 0624 Kabupaten Bandung Letkol Inf Hamzah Budi Susanto nètèlakeun undakna insentif pikeun Babinsa jeung Danramil pangaruhna hade  pikeun rèngrènganana, pikeun mingkin ngaronjatkeun pangladèn  ka masarakat Kabupaten Bandung.

Dina ngamalirkeun insentifu, ceuk Dandim, dillakukeun ku Badan Kesatuan Bangsa dan Politik (Bakesbangpol) Kabupaten Bandung langsung ka rekening para Babinsa di 280 desa kelurahan jeung 16 Danramil di teritorial Kabupaten Bandung.

Dandim 0624 nganuhunkeun ka Bupati Bandung. Dina eta kasempatan Bupati Bandung sacara simbolis masrahkeun hibah dua unit mobil dinas Pajero Sport jeung Expander jang kendaraan dinas Dandim 0624 Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah