Nargètkeun 8 Kali WTP Noron, Bupati Bandung Merdih Inspektorat Nhhajalankeun Fungsina Kalayan Hadè

- 25 Januari 2024, 06:02 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, meredih Inspektorat ngalaksanakeun fungsina Kalayan bener.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, meredih Inspektorat ngalaksanakeun fungsina Kalayan bener. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nargètkeun dalapan kali noron meunang opini Wajar Tanpa Pengecualian (WTP) ti Badan Pemeriksa Keuangan (BPK) RI.

Ku kituna, Dadang Supriatna meredih ka Inspektorat Kabupaten Bandung sangka jadi lembaga nu nga-early warning ka OPD atawa dinas di lingkungan Pemkab Bandung.

"Ieu kacida penting kanggo nyinglar tindakan korupsi sareng tiasa ngaeliminasi potensi palanggaran hukum," ceuk Dadang Supriatna waktu ngaresmikeun gedong anyar Inspektorat di lingkungan Pemkab Bandung, di Soreang , Rebo 24 Januari 2024.

Baca Juga: Kamandang Ketua FDGH Kabupaten Bandung Ngeunaan Honorer jeung PPPK patalina jeung UU ASN No. 20 Tahun 2023

Dadang Supriatna ngaku panceg ngarojong Inspektorat ngajalankeun peranna ngabasmi  korupsi sakaligus tanggung jawab dina pangawasan internal kana palaksanaan tugas jeung fungsi organisasi di lingkungan Pemkab Bandung.

Inspektorat, ceuk Dadang, lain saukur mibanda kawenangan keur ngalakukeun pangawasan, pamariksaan jeung audit kana pangokolaan jeung kagunaan pangayaan barang jeung jasa, tapi ogè mibanda kawenangan pikeun ngalakukeun pamariksaan jeung audit kana kagiatan, kewijakan, jeung proses di jero instansi pamarèntah daerah.

Ceuk Bupati Bandung, ku ayana peran inspektorat dina pencegahan dini, teu ukur bisa ngurangan panyimpangan hukum, tapi ogè kabuktian ngahadèkeun kinerja sakum rèngrèngan Pemkab Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah