Rembug Bedas di Ciparay jeung Paseh Bupati Bandung Nyosialisasikeun Program Prioritas

- 24 Januari 2024, 13:54 WIB
Rembuh desa nu digelar ku Bupati Bandung, Salasa, 23 Januari 2024.
Rembuh desa nu digelar ku Bupati Bandung, Salasa, 23 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Aya 13 program strategis jeung 3 program prioritas Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nu diapresiasi warga sarta warga nganuhunkeun pisan.

Kitu anu kagambarkeun dina  Rembug Bedas Bupati Bandung jeung rèngrèngan Organisasi Perangkat Daerah di Desa Sagaracipta, Kecamatan Ciparay, Kabupaten Bandung, Salasa, 23 Januari 2024.

Dina poè harita kènèh kagiataan sarupa dilaksanakeun di Desa Biru, Kecamatan Majalaya jeung di Desa Sukamanah, Kecamatan Paseh.

Baca Juga: Kadisdukcapil Kabupaten Bandung Nyosialisasikeun Aplikasi IKD ka Anggota PWI

Warga nganuhunkeun di antara sabab kabantu ku ayana program SPAM (Sistem Penyediaan Air Minum) di Desa Sagaracipta jeung Desa Cikoneng Kecamatan Ciparay.

Iwal ti program SPAM, program ngaronjatkeun insentif Ketua RT, RW jeung kader PKK, linmas, program guru ngaji, jeung program hibah gemuk meunang apresiasi ti warga.

Sajaba apresiasi program Bupati Bandung, aya ogè di antara warga nu nepikeun bangbaluh sabab masih kènèh loba budak pegat sakola, jeung bantuan mebeler keur Pusat Kegiataan Belajar Masyarakat (PKBM).

Aya ogè warga nu ngangluhkeun penerengan jalan umum (PJU) nu parareum, jeung sarana cai bresih di mangsa usum halodo.

Baca Juga: Bupati Bandung Ngukuhkeun 11 Pajabat Struktural di Dinas Pemadam Kebakaran

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x