Bunga Desa Bupati Bandung di Ciparay, Ngèndong di Imah Panggung Bilik Geus Umuran

- 21 Januari 2024, 07:00 WIB
Bupati Bandung  jeung bojona Emma Dety ngèndong di imah kulawarga Tasman jeung Iit, di Lembur Kedaleman RT 01/RW 21 Desa Pakutandang, Kecamatan Ciparay, Kabupaten Bandung,
Bupati Bandung jeung bojona Emma Dety ngèndong di imah kulawarga Tasman jeung Iit, di Lembur Kedaleman RT 01/RW 21 Desa Pakutandang, Kecamatan Ciparay, Kabupaten Bandung, /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Malem Ahad, 20 Januari 2024, Bupati Bandung, Dadang Supriatna, jeung bojona Emma Dety ngèndong di imah kulawarga Tasman jeung Iit, di Lembur Kedaleman RT 01/RW 21 Desa Pakutandang, Kecamatan Ciparay, Kabupaten Bandung,

Ngendongna Dadang Supriatna di ieu imah panggung bilik nu ditakksir geus puluhan taun, bari teu layak huni dina raraga program Bunga Desa (Bupati Ngamumule Desa). Rohang tengah imah bilik panggung ieu, nu biasa dipakè tempat ngumpul kulawarga, tina papan katitèn aya nu geus koropk. Tepasna palupuh. Kitu deui lalangitna tina bilk.

Dadang Supriatna nètèlakeun, mun seug ngagunakeun dana tina program rumah tidak layak huni (Rutilahu) kalawan anggaran Rp 20 juta,moal cukup keur ngomèan imah Tasman. "Saparantos diètang, engkè urang tambihan deui anggaranana tina bantuan CSR PDAM, supados tiasa janten bumi nu layak huni. Minimal dibangun semi permanen," ceuk Dadang Supriatna.

Emma Dety nyempetkeun ngajak sajumlah barudak di lelewek pamukiman lembur Kedaleman ngobrol di tepas imah warga nu teu jauh jauh ti imah Tasman. Emma Dety ngawawadianan ka barudak nu masih sakola SD sangkan tumut ka kolotna sèwang-sèwang.

Inyana ngajak barudak ngabiasakeun diri nyarita basa Sunda nu alus jeung sopan nalika ngobrol boh jeung batur boh jeung kolotna. Najan sapopoèna di sakolana waktu diajar mah nyaritana basa Indonesia.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah