Bupati Bandung Ngaresmikeun SPAM keur 80 Umpi di Ciparay

- 20 Januari 2024, 20:51 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna dibarengan Kepala Dinas PUTR Kabupaten Bandung, Zeis Zultaqawa ngaresmikeun 80 SR program SPAM,  di Desa Pakutandang RW 10 Kecamatan Ciparay, Kabupaten Bandung, Saptu, 20 Januari 2024.
Bupati Bandung Dadang Supriatna dibarengan Kepala Dinas PUTR Kabupaten Bandung, Zeis Zultaqawa ngaresmikeun 80 SR program SPAM, di Desa Pakutandang RW 10 Kecamatan Ciparay, Kabupaten Bandung, Saptu, 20 Januari 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Tepi ka 2023, Kabupaten Bandung, palebah dieu Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang (DPUTR) geus masanh 17.000 sambungan rumah (SR) ku program Sistem Pelayanan Air Minum (SPAM ) kalawan anggaran Rp 64 miliar.

Keur ngaronjatkeun pangladen cai beresih kabutuhan warga, Bupati Bandung Dadang Supriatna dibarengan Kepala Dinas PUTR Kabupaten Bandung, Zeis Zultaqawa ngaresmikeun 80 SR program SPAM, kalawan debit cai sadetikna1,5 lèter,  di Desa Pakutandang RW 10 Kecamatan Ciparay, Kabupaten Bandung, Saptu, 20 Januari 2024.

"Sarana cai beresih teh kanggo masarakat. Mugia mangpaat," ceuk Dadang Supriatna dina lolongkrang acara ngaresmikeun SPAM. Bupati Bandung nganuhunkeun ka warga nu geus ngahibahkeun lahan keur ngawangun SPAM.

Baca Juga: Bupati Bandung: Ditangtayungan UU, nu Disabilitas Mibanda Hak Sarua

"Atas nami Pemkab Bandung, simkuring ngahaturkeun nuhun ka warga nu ngahibahkeun lahan kanggo SPAM, tangtos Alloh ngaganjar pahala nu saè. " ceuk Dadang Supriatna

Dadang Supriatna nyebutkeun, ti 1,2 juta Keluarga Penerima Manfaat (KPM) atawa SR di Kabupaten Bandung karèk 114.000 nu geus meunang sambungan cai beresih ti PDAM, aya kana 10 persen.

"Kumargi kitu program SPAM kanggo ngaronjatkeun panglayan cai beresih ka masarakat," pokna.bKu ayana program SPAM, Bupati Bandung miharep pola hirup sehat masyarakat ogè ngaronjat.

Kepala DPUTR Kabupaten Bandung, Zeis Zultaqawa, nètèlakeun, panglayan cai beresih teh keur ngaronjatkeun sumber daya manusia (SDM).

Ceuk Zeis, Bupati Bandung geus nèmbongkeun lèngkah konsisten dina ngaronjatkeun panglayan cai beresih ka masarakat.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah