Kabupaten Bandung Asup Daerah Rawan Bencana, Bupati Nyiapkeun Anggaran BTT Rp 20 Miliar

- 19 Januari 2024, 16:59 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngawawadianan sangkan masarakat ningkatkeun kawaspadaan dina nyanghareupan saniskara potensi bencana, saperti urug, caah, banjir, angin lilimbungan jeung lini.

"Simkuring ngèmutan masarakat tetep waspada. Kumargi, bencana sapertos caah, urug, samalah gempa bumi tiasa kajantenan iraha waè, " ceuk Dadang Supriatna di Rumah Dinas Bupati Bandung, Juma'ah, 19 Januari 2024.

Dadang Supriatna geus ngintruksikeun OPD nu aya patalina jeung musibat, utamana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) jeung Dinas Lingkungan Hidup pikeun ngaronjatkeun kasiapsiagaan jeung nyiapkeun lèngkah-lèngkah antisipasi pikeun ngurangan resiko bencana, di antarana pametaan daerah rawan bencana, seperti daerah nu gampang banjir, longsor, atawa lini.

Baca Juga: Bupati Bandung: Ditangtayungan UU, nu Disabilitas Mibanda Hak Sarua

"Pametaan penting pisan kanggo ngabantos ngaidentifikasi daerah-daerah nu meryogikeun perhatosan husus, supados ngèntèngkeun antisipasi ngungkulan bencana," ceuk Dadang Supriatna.

Iwal ti kitu, ceuk Dadang Supriatna,  ngaedukasi masarakat jeung siswa ngeunaan kebencanaan. Ceuk Dadang Supriatna ieu tarèkah  kacida penting sabab Kabupaten Bandung kaasup daerah rawan bencana di wilayah Jawa Barat.

Bupati Bandung ngaku, inyana geus nyiagakeun personel di sabudeureun lokasi rawan bencana, utamana di sabudeureun ngamalirna Walungan Citarum jeung anak-anakna tur daerah rawan longsor.

Pemkab Bandung  geus nyiapkeun logistik, pakakas evakuasi, jeung kabutuhan sèjènna. Pihakna ogè geus nyiapkeun biaya tidak terduga (BTT) jang kondisi tanggap darurat bencana jeung keur ngungkulan satutas bencana, gedena Rp 20 milyar.

Bupati ngawawadianan ka masarakat sangkan teu padu miceun runtah.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah