Silaturahmi jeung PWI Bupati Bandung Nyebut Pemkab Bandung Sadia Dikritik

- 18 Januari 2024, 07:00 WIB
Pangurus PWI Kabupaten Bandung silaturahmi jeung Bupati Bandung (17/01/2024).
Pangurus PWI Kabupaten Bandung silaturahmi jeung Bupati Bandung (17/01/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pemkab Bandung, kacida nembrak pikeun dikritik, salila kritk pikeun ngawangun tur luyu aturan kode etik jurnalistik. Ngan dina  ngeritik  kudu paham substansi jeung regulasi.

Kituna tèh ditepikeun Bupati Bandung, Dadang Supriatna, waktu narima tumorojogna pangurus Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Bandung periode 2023-2026 di rohang Rapat Bupati Bandung, Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Rebo 17 Januari 2024.

Bupati Bandung ngabagèakeun para pangurus anyar PWI Kabupaten Bandung. Lantaran media massa, organisasi wartawan kitu deui para wartawan bagèan tina mitra strategis Pamarèntah Daerah Kabupaten Bandung dina tarèkah ngaronjatkeun pangwangunan nu leuwih hadè deui.

Baca Juga: Bupati Bandung Kedal Jangji bakal Mérè Bonus jeung Uang Saku ka Atlet Pelatda PON 2024

Dadang Supriatna nganuhunkeun jeung ngawilujeungkeun ka pangurus anyar PWI Kabupaten Bandung nu dipupuhuan ku Enung D Susana.

"Wilujeng mancen, mugia pancèn PWI leres -leres nyandak ka arah nu langkung saè," ceuk Dadang Supriatna.

PWI, ceuk Dadang Supriatna, ngarupakeun organisasi profesi wartawan, atuh anggotana oge profesional tur paham kode etik jurnalistik.

Dadang Supriatna balaka ku ayana PWI, Pemda kacida kabantu. " Wartawan nu paham kode etik jurnalistik, tangtos uninga kumaha ngadamel hiji warta atanapi nformasi aktual nu diperyogikeun ku masarakat, " pokna.

Baca Juga: Bupati Bandung Netepkeun Status Tanggap Darurat Bencana

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x