Tarèkah Ngungkulan Banjir, Bupati Bandung Sagancangna Nyieun Dano

- 15 Januari 2024, 07:03 WIB
Bupati Bandung, pikeung ngungkulan banjir ngusulkeun sangkan dijieun dano buatan.
Bupati Bandung, pikeung ngungkulan banjir ngusulkeun sangkan dijieun dano buatan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna nètèlakeun, dano jieunan jadi salasahiji jalan kaluar ngungkulan banjir.

Sanggeus ngawujud Dano Cieunteung, Dano Retensi Sinaraga Andir, jeung towongan cai Citarum di Nanjung Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, pihakna ngusulkeun nyieun genep dano deui, salasahijina dano di Tegalluar.

"Simkuring tos ngajuken ka Ditjen Pembiayaan Infrastruktur, salasawiosna sapados tiasa saènggalna ngawangun dano, " ceuk Dadang Supriatna basa Haul Akbar Keluarga Besar Dadang Supriatna di Masjid Asy-Syifa, Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Ahad,14 Januari 2024.

Baca Juga: Kriya di Ciamis, Mibanda Potensi ngan Tacan Dipalire ku Pamarentah

Bupati balaka, can lila ieu pihakna geus rapat kordinasi jeung Ditjen Pembiayaan Infrastruktur Kementerian Pekerjaan Umum dan Perumahan Rakyat (PUPR) dina raraga sagancangna ngawangun infrastruktur pangadali banjir dano jieunan.

Ku koordinasi ka Ditjen Pembiayaan Infrastruktur dipiharep Kementerian PUPR bisa nyurung proses pendanaan atawa investasi sangkan bisa ngagancangkeun pangwangunan infrastruktur.

Ceuk Dadang Supriatna, pangwangunan Dano Tegalluar di Desa Tegaluar tujuanana jang parkir cai samèmèh ngamalir ngamuara ka Walungan Citarum. Iwal ti kitu ogè minangka sasadiaan sumber cai baku.

Titik lokasi di Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang, Desa Rancaekek Wetan, Desa Rancaekek Kulon, Desa Tegal Sumedang jeung Desa Sukamanah Kecamatan Rancaekek Kabupaten Bandung.

Dano Tegalluar ceuk Dadang Supriatna engkèna jadi sababaraha fungsi, di antarana nampung cair sinergi jeung program Citarum Harum, tur bisa digunakeun jang nyayagikeun cai baku nu diolah ku PDAM jang kabutuhan masarakat.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x