Program Bedas Caang Baranang, Bupati Bandung Nawaran Bantuan Injeuman Dana Berguir jeung Rutilahu

- 13 Januari 2024, 06:00 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna layeut jeung masarakat.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna layeut jeung masarakat. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID - Samèmèh sholat Juma'ah dina  Jum'at Keliling (Jumling) ka-86 di Masjid Miftahul Huda, Desa Mekarjaya Kecamatan Arjasari Kabupaten Bandung, Jum'aah 12 Januari 2024, Bupati Bandung, Dadang Supriatna, diuk di tepas imah panggung bogana Badrudin di lembur Cibadak RT 03/RW 12 Desa Mekarjaya.

Dadang Supriatna katiten basajan. Ayana di padumukan Badrudin tèh keur nitènan dipasangna energi listrik tanaga surya dina program Bedas Caang Baranang.

Program Bedas Caang Baranang  rukun gawè Pemkab Bandung, Dewan Masjid Indonesia (DMI) Kabupaten Bandung, PDAM Tirta Raharja, BPR Kerta Raharja jeung Bank bjb.

Baca Juga: Ratusan Imah Warga Dipasang Listik, Bupati Bandung Ngaresmikun Program Bedas Caang Baranang

Satutas masang stiker jeung mecakan stop kontak energi listrik tanaga surya dina program Bedas Caang Baranang di imah Badrudin, Bupati Bandung ngobrol jeung Badrudin.

Aub dina obrolanCamat Arjasari, Asep Hadian, Kepala Desa Mekarjaya, Oong jeung sajumlah pihak.

Bupati nyarankeun Badrudin nu sapopoèna  marbot di salasahiji masjid di Kota Bandung sangkan ngamangpaatkeun kulah leutik di buruan imahna sangkan dipelakan lauk jang nambah-nambah sumber ekomomi kulawargana.

"Di Balai Benih Ikan aya jenis lauk nu tiasa dimangpaatkeun ku warga. Teu kedah balong ageung kulah alit ogè tiasa dimangpaatkeun kanggo budidaya lauk," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna ogè nawarkeun modal usaha injeuman dana bergulir teu bungaan jeung teu aya jaminan, mun Badrudin hayang muka usaha anyar, keur usaha bojona nu ngajar di madrasah di Lembur Cibadak

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah