Caleg DPRD Kabupaten Bandung, Dariel Fadhlilah Umajak ka Nonoman Sangkan Teu Apatis kana Politik

- 11 Januari 2024, 20:00 WIB
Dariel Fadhlilah Konjala.
Dariel Fadhlilah Konjala. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Sekretaris Bidang Pendidikan dan Pelatihan DPC PDIP nu ogè calon legislatif DPRD Kabupaten Bandung, Dariel Fadhlilah Konjala, umajak ka para nonoman sangkan teu apatis kana politik.

"Generasi muda atanapi nonoman teu kedah apatis kana politik, kumargi kumaha waè ogè kawijakan kaputusan engkè ka payun teu leupas tina politik sareng kedah lebet kana sistem, " ceuk Dariel dina acara milangkala ka- 51 PDIP di Margahayu kamari.

Ku kituna, ceuk Dariel, inyana aub makalangan dina Pemilu 14 Februari 2024 engkè, tur ngabuleudkeun tèkad meunang korsi di DPRD Kabupaten Bandung.

Dariel ngaku, inyana baris merjuangkeun naon nu dipiharep warga, hususna di Dapil 2, nu ngawengku Kecamatam Margasihh, Margahayu, Dayeuhkolot, jeung Katapang. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah